2023 Juni | Rencana PAS S2 _ Sunda 11

Kelas XI

BAB 1. RUMPAKA KAWIH, ↪↪↪
BAB 2. SAJAK, ↪↪↪
BAB 3. PAKEMAN BASA, ↪↪↪
BAB 4. NOVEL, ↪↪↪
BAB 5. BABASAN, ↪↪↪
BAB 6. WARTA, ↪↪↪
BAB 7. WAWANCARA, ↪↪↪

====

I.       Pilihan Ganda

1.    Babasan nyaeta kecap nu mangrupa siloka, atawa kiasan nu harti lolobana ngagambarkeun sifat atawa kabiasaan hiji jelema.

Pernyataan di luhur teh mangrupakeun pernyataan anu ....

A.    Leres

B.    Lepat

2.    Salian babasan, aya oge paribasa. Ari Paribasa dibagi jadi tilu, nyaéta:

1)   pangjurung laku hadé,

2)   panyaram lampah salah,

3)   wawaran luang.

4)   Pangjurung lampah salah,

5)   Panyaram laku hade

Ari jawaban nu bener nyaeta ....

A.    1) 2) 3)

B.    2) 3) 4)

C.   3) 4) 5)

D.   1) 4) 5)

E.    2) 3) 5)

3.    Perhatikeun pernyatan di handap ieu!

[Babasan lolobana ngagambarkeun pasipatan sato]

Pernyataan di luhur teh ....

A.    Leres

B.    Lepat

4.    Perhatikeun conto babasan di handap ieu!

Atah ajang, anjeun mah ka dulur teh. Lila-lila mah pareumeun obor, coba.

Ari hartina ‘atah anjang’ teh nyaeta ....

A.    Atah keneh pasakan geus indit nganjang

B.    Atah keneh bubuahan dina tangkalna geus indit nyaba

C.   Jarang nganjang

D.   Tara jadi nganjang

E.    Ari nganjang teh sok mawa pasea

5.    Perhatikeun conto babasan di handap ieu!

“Wah, bengkok tikoro silaing cu?!” Ceuk akina ka incuna nu karek hol datang. Sementara nu nyampak di imah jeung si aki, karumetap keneh baris ngadahar nangka nu kari jaramina.

Ari hartina ‘bengkok tikoro’ teh nyaeta ....

A.    Urat beuheungna bengkok baris loba dahar

B.    Aanggeleun, kudu diketig make bantal

C.   Teu kabagean dahareun ku sabab telat datang

D.   Kabeureuyan ngadahar nangka

E.    Kabesekan ngahuapkeun jarami

6.    Inpormasi anyar atawa inpormasi ngeunaan hiji kajadian, boh dipindangkeun ngaliwatan media citak, boh dina media elektronik, boh tatalepa sacara lisan, disebutna nyaeta ....

A.    Puisi

B.    Novel

C.   Drama

D.   Warta

E.    Wawancara

7.    Lamun hidep rek nyieun warta, kudu nyoko kana rumus nu geus baku, nya eta 5W+1H, ngawengku: 1) What, 2) Where, 3) When, 4) ........ 5) ........ 6) How.

Ari anu dimaksud ‘Where’ teh nyaeta ....

A.    Saha palaku dina eta kajadian

B.    Kumaha palaku dina eta kajadian

C.   Iraha palaku migawe eta kajadian

D.   Kajadian naon anu rek wartakeun

E.    Dimana tempat eta kajadian

8.    Perhatikeun conto warta di handap ieu!

WARTA BAHASA SUNDA – SEKILAS TeA PAGI

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Wilujeng enjing pamiarsa, tepang deui sareng sim kuring Awaliyah Jameelah, dina SEKILAS TeA Pagi. Warta nu baris dipidangkeun ku sim kuring nyaeta patula patali sareng warta ngeunaan:

1.    Budi daya lele di Cianjur ku para Prajurit TNI.

2.    Supir taksi jeung supir bajaj arunjuk rasa di kantor BPR.

Pamiarsa,

Warta kahiji.

1. “ngenaan budidaya lele di Cianjur ku para PrajuritTNI”

Budi daya lele di Cianjur ku para Prajurit TNI ieu teh mangrupa usaha sampingan para Prajurit Ornamen Cianjur anu ngamamfaatkeun lahan kosong anu legana 800m, kalawan modalna 300 neupikeun 800 rebu. Pikeun meuli binih lele jeung parabna. Para prajurit neuleman usaha budidaya lele sangkan lewih, sarta henteu meakeun tempat, lele teh diasupkeun kana balong anu di gebangan anu ukuran nana 1 atawa 2 meteran. Heunteu tanggung-tanggung ieu Prajurit TNI teh nyieunan 22 balong. Sabalongna diasupan 200 binih lele.

2. Supir taksi jeung supir bajaj arunjuk rasa di kantor BPR.

Supir taksi jeung supir bajaj ngamuk ka kantor BPR gara-gara masalah biaya.

Pamirsa, Mung sakitu anu kapihatur wilujeng patepang deui dina warta anu bakal dongkap.

Amit mundur amit mungkur Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Ngilik 5W+1H dina rumus warta, ‘Who’ anu jadi palaku dinu diwartakeun kahiji nyaeta ....

A.    Lele

B.    Awaliyah Jameelah

C.   Prajurit TNI

D.   Cianjur

E.    Lahan kosong 800m

9.    Perhatikeun deui, warta berita di luhur!

Balong anu dijieun ku Prajurit TNI teh kabehna aya ....

A.    200

B.    300

C.   800

D.   2 meter

E.    22

10.   Ari anu macakeun warta di luhur teh nyaeta ....

A.    Prajurit TNI

B.    Awaliyah Jameelah

C.   Lele

D.   Balong

E.    Gebangan

11.  Hiji wangunan komunikasi lisan dua arah dina wangun tanya jawab, pikeun meunangkeun informasi ngeunaan tujuan nu geus ditangtukeun saméméhna. Nu kieu teh nyaeta ….

A.     Fitnah, B. Berita, C. Babad, D. Sisindiran, E. Wawancara

B.     

12.  Perhatikeun hal-hal di handap ieu

Pangaweruh ngeunaan topik wawancara.

A. profil umum (karakter) nu ngawawancara.

B. kaparigelan ngawawancara

C. etika wawancara

F. perjanjian sareng nu ngawawancara.

G. pertarosan sacara runtut ( tina hal nu umum kanu khusus atawa sabalikna).

 

Nu lain perkara nu diperhatikeun pikeun wawancara di luhur nyaeta ….

A. Poin a. jeung e.            C. Poin c. jeung d.      E. teu aya nu bener

B. Poin a. jeung b.            D. Poin a. jeung f.

13.  Dina prakna wawancara aya anu disebut sasadu. Sasadu teh nyaeta ….

A. Muji nara sumber         D. menta buruhan,

B. ngahina nara sumber   E. nyalahkeun nara sumber

C. Menta hampura

14.   Ari wawancara teh aya nepika 4 rupa. Nu lain rupa wawancara tinu 4 di handap ieu nyaeta ....

A.    Wawancara berita

B.    Wawancara pribadi

C.   Wawancara ka jalma loba

D.   Wawancara sumputkeuneun

E.    Wawancara dadakan

15.  Lamun dina wawancara aya nyebut-nyebut relokasi tempat, kumaha karasana ku padagang jeung nu meuli, maka tempat anu direlokasi teh nyaeta ....

A.    Pasar

B.    Masjid

C.   Terminal

D.   Stasiun

E.    Stadion

16.  Ari anu boga tugas ngawawancara disebutna nyaeta ....

A.    Reporter

B.    Wartawan

C.   Kameramen

D.   Biduan

E.    Speaker

17.  Perhatikeun hasil wawancara di handap ieu!

Wartawan (W) : Assalamu’alaikum

Narasumber (N) :Wa ‘alaikum salam

W: Nami bapak, saha?

N: Lamsijan

W: Bapa Lamsijan, dina mangsana kajantenan beus lebet ka sawah, Bapa nuju di mana?

N: Bapa teh nuju ngurek belut di palih ditu, pas ninggal ka palih kidul ti jalan anu mudun, naha make bet aya mobil beus anu jalanna oleng sapertos anu remna blong, teu lami ti harita, ana gorobas teh, eta beus lebet ka kotakan sawah.

W: ari eta naon anu aya dina panangan? Digigiwing, meni seueur kitu?

N: alhamdulillah, ngurek anu ayeuna mah mucekil.

W: naon tea karah, nepika ditiir kitu

N: pan ieu teh .....

Ngilik eusi wawancara di luhur, maka kajadiannana eta wawancara teh di ....

A.    Jero beus

B.    Sawah

C.   Jalan mudun

D.   Bengkel mobil

E.    Puskesmas

18.  Ngilik wawancara di luhur, si narasumber nu keur dibelah kaler, nunjukeun yen mobil teh datangna ti arah .....

A.    Kidul

B.    Kulon

C.   Wetan

D.   Rada ngulon

E.    Rada ngetan

19.  Ari narasumber teh, dina panangana ngagigiwing .....

A.    Engkang-engkang

B.    Belut

C.   Gaang

D.   Genyer

E.    Eceng gondok

20.  Ari mobil anu ditinggal ku narasumber lebet ka sawah teh nyaeta .....

A.    Treuk

B.    Beca

C.   Sedan

D.   Beus

E.    Bemo

21.  Ari anu ditinggal ku wartawan dina panangan bapa Lamsijan teh nyaeta ....

A.   

B.   

C.  

D.  

E.   






22.  Ari mobil anu tigubrag ka sawah teh nyaeta ....

A.   

B.     

C.     

D.     

E.      


23.  Ari pakeman basa teh mangrupa ungara basa anu angger atawa geus matok. Ari kecap ‘pakem’ teh asalna tina ‘vakum’ nyaeta basa ….

A.    Walanda

B.    Jerman

C.   Jepang

D.   Inggris

E.    Portugis

24.  Ari ‘pakeman basa’ dina basa Indonesia mah saru jeung ‘ungkapan kata’ atawa ….

A.    Idiot

B.    Idiom

C.   Anonim

D.   Sinonim

E.    Antonim

25.  Diantara rupa-rupana ‘Pakeman basa’ teh nyaeta, kejaba ….

A.    Babasan

B.    Paribasa

C.   Rakitan lantip

D.   Panyaraman

E.    Pupuh

26.  Perhatikeun kecap-kecapan di handap ieu ….

1)    Hampang birit

2)    Gede hulu

3)    Buntut Kasiran

4)    Teu eleh geleng

5)    Paeh pikir

Ari babasan nu hartina babari dititah, nyaeta ….

A.    1)

B.    2)

C.   3)

D.   4)

E.    5)

27.  Perhatikeun kekecapan rakitan lantip di handap ieu.

Ceuk indung ka budak awewena, “Neng, pang gedeankeun kompor!, eukeur naheur cai dina langseng”. Tembal budakna, “Mangga, ema…”

Ari maksud ‘Pang gedeankeun kompor’ teh nyaeta ….

A.    Pang gedeankeun caina

B.    Pang gedeankeun langsengna

C.   Pang gedeankeun seuneuna

D.   Pang gantikeun sumbuna

E.    Pang gantikeun tabung gasna

28.  Perhatikeun ‘Panyaraman’ di handap ieu.

Ceuk bapana ka budakna, “Tong, diuk dina lawang panto, sok nontot …….”

Ari lengkepna kecap-kecapan di luhur teh nyaeta ….

A.    sok nongtot semah

B.    sok nongtot jodo

C.   sok nongtot paku

D.   sok nongtot palupuh

E.    sok nongtot bangbarung

29.  Perhatikeun ‘Pangjurungan’ di handap ieu!

1)    Kudu hade gogog hade tagog

2)    Kudu boga saku dua

3)    Kudu nepi memeh indit

4)    Kudu bisa ngeureut neundeun

5)    Kudu bisa kabula kabale

Aya kecap-kecapan ‘pangjurung’ dina omongan kieu: “Cik atuh, sing hade basa jeung hade tingkah laku.” Nyaeta …..

A.    1)

B.    2)

C.    3)

D.    4)

E.    5)

30.  Ari kecap-kecapan ‘pangjurung’ dina omongan kieu: “Cik, mamah, kedah tiasa ngajeujeuh-jeujeuh rejeki, sangkan bisa mahi” nu pasna nyaeta ….

A.    1)

B.    2)

C.    4)

D.    5)

E.    3)

31.  Ari karya rekaan (fiksi) dina wangun prosa anu panjang caritana, ngarancabang galurn, rupa-rupa tokoh jeung kajadiannana, anu kieu teh disebutna ….

A.    Drama

B.    Puisi

C.   Pantun

D.   Sisindiran

E.    Novel

32.  Ari anu dimaksud ku ‘Amanat’ dina unsur-unsur intrinsik novel nyaeta ….

A.    Ideu pokok carita

B.    Talatah moral anu hayang ditepikeun

C.   Sifat atawa watek

D.   Posisi pangarang dina carita

E.    Kasangtukang tempat, waktu, jeung kaayaan dina setingan carita

33.  Perhatikeun sempalan carita di handap ieu.

Si Dower.

Aya hiji pendekar sakti nu cenah ayeuna cicing di puncak Gunung Rakutak nu ngarana Si Dower.

5 tahun katukang, Si Dower anu boga ngaran asli Jaka Ladana, ngalalana ti paguron ka paguron, nyuprih pangarti geusan diri jadi sakti, neangan pangabisa sangkan awak madraguna, miluruh elmu kadigjayaan, anu antukna papanggih jeung guru sakti madraguna nu ngaranna Ki Debleng.

Ki Debleng, anu jadi guruna Si Dower teh kalintang bageur, someah jeung handap asor. Ki Debleng teh hiji sepuh anu nyaahan ka sasama, asih kanu leutik, hormat ka saluhureun.

34.  Ngilik galurna, carita di luhur teh make galur ….

A.    Maju

B.    Mundur

C.   Campuran

D.   Bengkok

E.    Lempeng

35.  Ari tokoh nu jadi jejer carita di luhur nyaeta ….

A.    Si Dower

B.    Ki Debleng

C.   Diri jadi sakti

D.   Awak mandraguna

E.    Paguron-paguron

36.  Ari sifat-sifatan anu lain mangrupakeun sifat-sifat Ki Debleng nyaeta ….

A.    Bageur

B.    Asihan

C.   Nyaahan

D.   Hormat

E.    Bengal

37.  Perhatoskeun kakawihan di handap ieu!

Oray-orayan luar leor ka sawah

Entong ka […1…] parena sumedang bekah

Oray-orayan luar leor ka leuwi

Entong ka […2…] di […2…] loba nu mandi

Oray-orayan luar leor ka kebon

Entong ka […3…] di […3…] loba nu ngangon

Kecap nu pasna dina ieu kakawihan nomer [1] nyaeta ….

A.    Kebon

B.    Leuwi

C.   Sakola

D.   Sawah

E.    Lapang

 

38.  Pikeun ngeusian soal no. 2, jeung 3 perhatoskeun kakawihan di luhur!

Kecap nu pasna dina ieu kakawihan nomer [2] nyaeta ….

A.    Sakola

B.    Kebon

C.   Sawah

D.   Lapang

E.    Leuwi

 

39.  Ari sajak teh nyaeta salah sahiji sastra sunda anu direka dina wangun basa ugeran atawa ….

A.    Drama

B.    Dongeng

C.   Puisi

D.   Novel

E.    Artikel

40.  Perhatoskeun sajak di handap ieu!

Pang pring, pang pring

Lain tandang ngajak perang

Nguriling ngadeuleu maling

Bisi kapalingan diri

Mesat gobang kabuyutan

Lain deuk neangan lawan

Ngajaga-jaga nagara

Ngaraksa-raksa rahayat

Bisi kaurugan gunung

Bisi kacaahan lambak

Aing deuk nangtung sorangan

Ngilik eusina, palaku dijero sajak teh nyaeta ….

A.    Jawara

B.    Pa tani

C.   Polisi

D.   Pagawe pabrik

E.    Padagang

II.      Pilihan Ganda

41.  Sebutkeun 3 ciri novel anu anjeun apal.

42.  Aya sabaraha rupa galur dina carita, boh novel atanapi nu sejenna. Sebutkeun galur nu anjeun apal.

43.  Jieun kawih pupujian sangkan getol sholat dhuha jeung tahajud!

44.  Jieun kalimat nu ngandung kecap panyaraman di handap ieu!

A.    Ulah kumeok memeh dipacok

B.    Ulah incah balilahan

45.  Jieun opat pertanyaan jeung jawaban dina wawancara ka Calon Legeslatif Kabupaten ti Partai Naon Bae (PNB)


2023 Juni | Rencana PAS S2 _ Sunda 11

Kelas XI BAB 1. RUMPAKA KAWIH, ↪↪↪ BAB 2. SAJAK, ↪↪↪ BAB 3. PAKEMAN BASA, ↪↪↪ BAB 4. NOVEL, ↪↪↪ BAB 5. BABASAN, ↪↪↪ BAB 6. WARTA, ↪↪↪ ...