10.3 | BIOGRAFI

10.3 | BIOGRAFI

DAFTAR ISI
· MATERI BIOGRAFI BAHASA SUNDA
· A. MEDAR PERKARA BIOGRAFI & OTOBIOGRAFI
· B. UNSUR BIOGRAFI & OTOBIOGRAFI
· LATIHAN 1
· CONTOH BIOGRAFI BAHASA SUNDA
· LATIHAN 2
======
A. MEDAR PERKARA BIOGRAFI & OTOBIOGRAFI
        Biografi téh asalna tina basa Inggris biography. Bio hartina hirup jeung graphy hartina catetan atawa tulisan. Tuluy éta ke cap téh diaku ku basa Indonésia, sarta éjahanana diluyukeun jadi biografi. Kiwari kecap biografi geus biasa dipaké ku urang Sunda pikeun nuduhkeun lalakon hirup hiji jalma.
        Jadi, biografi téh catetan sajarah riwayat hirup hiji jalma boh nu jumeneng kénéh, boh nu geus maot. Bisa sagemblengna ngadadarkeun lalakon hirup ti mimiti lahir, riwayat atikan, préstasi atawa karya nu dihasilkeun, nepi ka maotna, bisa ogé ukur medar sabagian tina kahirupanana nu dianggap penting.
        Biografi ditulis ku jalma séjén atawa penulis husus. Sakumaha conto teks biografi “Radén Machjar Angga Koesoemadinata” ditulis lain ku pribadina. Lian ti biografi, aya ogé nu disebut otobiografi atawa autobiografi, nyaéta catetan sajarah riwayat hirup hiji jalma nu ditulis atawa dicaritakeun ku dirina sorangan
        Umumna lalakon jalma nu sok ditulis jadi buku biografi atawa nulis otobiografi téh inohong-inohong nu geus moyan. Maksudna, jalma nu kawentar, gedé jasana, jeung pangaruh dina sajarah. Contona pahlawan, seniman, sastrawan, olahragawan, ilmuwan, présidén atawa tokoh pulitik, jrrd. Sakapeung aya biografi jalma biasa, tapi jadi luar biasa ku karyana atawa ngalaman kajadian nu istimewa, lantaran méré inspirasi ka jalma réa.
        Mangpaat biografi jeung otobiografi téh penting pisan pikeun rupa-rupa kaperluan. Di antarana pikeun ngalamar pagawéan, pangéling-ngéling kana jasa hiji jalma, diajar jeung ngeunteung kana pikiran jeung pangalaman hirup hiji jalma, sarta minangka dokumentasi sajarah.
Lian ti éta, urang ogé bisa nyingkab jeung nyokot inspirasi tina lalampahan, gagasan, karya, karir, jeung ketak para inohong pikeun kahirupan. Contona, biografi Présidén Sukarno, Nelson Mandela, Mahatma Gandhi, Albert Einstein, jeung sajaba ti éta.
        Réa lalakon inohong Sunda nu geus ditulis jadi buku biografi jeung otobiografi, tapi réréana ditulis dina basa Indonésia. Ari nu ditulis dina basa Sunda mah hanjakal jumlahna tacan réa. Di antarana baé:
Judul Biografi/Otobiografi Ditulis ku Taun Medal
Hurip Waras!

Ajip Rosidi    

1988
Mulangkeun Panineungan Urang Banjarsari Jadi Inohong di Bojongrangkong

Prof. Drs. H. Muchtar Affandi    

1997
Buméla ka Bangsa

Rahmatullah Ading Affandie    

1998
Béntang Tembang R.S. Hardjapamekas 2005
Ti Panti Asuhan nepi ka H.D. Bastaman 2011
Rohangan Sidang Itto Cs. Margawaluya 2016
Bangkarak Jurnalistik, Lalampahan Hiji Jurnalis Sjarif Amin

2017  


B. UNSUR BIOGRAFI & OTOBIOGRAFI
    Biografi jeung otobiografi téh kaasup karangan narasi anu nyaritakeun hiji perkara, nyaéta nyaritakeun lalakon hirup hiji jalma. Boh biografi boh otobiografi, dina nuliskeunana sok dida darkeun unsur-unsur nu dianggap penting, di antarana:

  1. Ngaran lengkep, ngaran pondok/nénéhna, jeung lalandi an/jujuluk
  2. Tempat jeung tanggal lahir,
  3. Dedegan jeung pasipatan.
  4. Riwayat atikan jeung pagawéan.
  5. Lalakon hirup nepi ka bisa sukses dina widangna.
  6. Karya, préstasi, atawa hasil gawé.
  7. Pikiran, gagasan, jeung sikep dina nyanghareupan kahi rupan.
  8. Jalma-jalma nu dianggap penting jeung gedé jasana dina kahirupan
  9. Cita-cita jeung harepan nu kahontal jeung nu can kahontal.
  10. Kalangenan jeung hal-hal nu dianggap penting dina kahirupan.
Aya oge anu ngabagi biografi katut unsur-unsurna sapertos kieu:
Biografi Bentuk narasi:
  1. Degdeg pamadeg
  2. Pasuarang ngarang
  3. Kahirupan keur leutik
  4. Kasam tukang di kaluarga
  5. Riwayat pendidikan
  6. Karier
  7. Kaparigelan
  8. Karya
Biografi bentuk formulir :
  1. Ngaran lengkap
  2. Jenis kelamin
  3. Status
  4. Agama
  5. Ngaran kolot
  6. Alamat
  7. Nomor telepon atawa e-mail
  8. Riwayat pendidikan atawa kursus-kursus
  9. Pangalaman berorganisasi
  10. Pangalaman kerja
  11. Pangalaman bidang penelitian
  12. Karya-karya
  13. Penghargaan-penghargaan/pangajen

(RANCAGÉ DIAJAR BASA SUNDA SMA KELAS 10)
LATIHAN 1
  1. Naon nu dimaksud biografi?
  2. Jéntrékeun, naha enya kecap biografi téh asalna lain tina basa Sunda?
  3. Naon bédana biografi jeung otobiografi?
  4. Lalakon jalma kumaha nu sok ditulis jadi buku biografi atawa nulis otobiografi téh?
  5. Jéntrékeun, naha bisa jalma biasa ditulis jadi biografi?
  6. Naon mangpaat biografi jeung otobiografi?
  7. Naon nu bisa diungkab jeung dicokot tina biografi atawa otobiografi parainohong?
  8. Sebutkeun judul, nu nulis, jeung taun medal buku biografi jeung otobi ografi nu ditulis dina basa Sunda!
  9. Sawalakeun jeung babaturan sakelompok ngeunaan mangpaat biografi atawa otobiografi, jeung inohong Sunda nu ditulis jadi biografi atawa otobiografi, sarta inspirasi nu bisa dicokot tina lalampahan hirupna!
  10. Téangan biografi atawa otobiografi tokoh idola hidep, boh nu hirup kénéh atawa geus maot. Bisa ilmuwan, olahragawan, artis, jeung réa réa deui. Bahanna bisa néangan tina buku, majalah, surat kabar, ata wa internet. Pék jieun jadi karangan biografina anu gembleng duma sar kana: tempat jeung tanggal lahirna, kulawargana, riwayat atikan, préstasi, karir, jeung bagian penting dina kahirupanana!

CONTOH BIOGRAFI BAHASA SUNDA

RADEN MACHJAR ANGGA KOESOEMADINATA
    Raden Machjar Angga Koesoemadinata (dibaca Raden Mahyar Angga Kusumadinata) dibabarkeun di Sumedang, 7 Désémber 1902, pupus di Bandung, 9 April 1979. Anjeunna téh seniman tur étnomusikolog Sunda Kawentar minangka pangatik nu husus ngamajukeun seni sora, panalungtik karawitan tur ahli téori musik Sunda. Anjeunna nu nyiptakeun “serat kanayagan” (sistim no tasi nada) da-mi-na-ti-la, katut nyipta sistim 17 titilaras Sunda.

    Raden Machjar Angga Kusumadinata kalawan nénéhna Pa Machjar, kawentar ogé minangka seniman nu nyiptake- un lalaguan Sunda. Anjeunna gemet niténan laras pélog jeung saléndro ti keur budak kénéh. Guguru ka sabaraha urang juru tembang, kawih, jeung nayaga. Seniman nu kungsi dipiguru ku anjeunna téh di antarana diajar rebab ka Pa Étjén Basara, Pa Sura, jeung Pa Natadirejo, diajar gamelan ka Pa Sai jeung Pa Idi, sarta diajar tembang ka Pa Oetje, juru pantun kawentar di Bandung.

    Pa Machjar mimiti wanoh kana métodeu sains, élmu fisika, jeung élmu musik Barat nalika anjeunna jadi murid di sakola guru (Kweekschool jeung Hogere Kweekschool). Ku dadasar pangaweruh salila sakola, anjeunna terus ngayakeun panalung tikan frekuensi sora-sora nu aya dina gamelan jeung lagu-lagu anu dipirig ku rebab.

    Dina taun 1923 (masih kénéh di bangku sakola), anjeunna geus nyiptakeun “serat kanayagan” (sistim nada) da-mi-na-ti-la, kalawan nulis buku tiori seni sora Sunda, dijudulan Elmuning Kawih Sunda. Tutas namatkeun sakola, ditempatkeun jadi guru di HIS Sumedang (1924-1932).

    Anu jadi bagian penting panalungtikan dina galuring hi rupna nyaéta sanggeus tepung jeung Mr. Jaap Kunst, ahli étno- musikologi Walanda (1927-1929). Harita Mr. Jaap Kunst keur ngayakeun panalungtikan seni sora di sakuliah Nusantara Antukna Pa Machjar jeung Mr. Jaap Kunst silih tukeur pikiran ngeunaan pangaweruh musik.

    Dina panalungtikanana, Pa Machjar ngagunakeun alat ukur keleter sora (monochord) kalawan bantuan Pa Idi, juru kacapi. leu alat téh dilengkepan ku skala frekuensi, alpukahna Mr Jaap Kunst ti laboraturium musikologi di Eropah Ngadumaniskeun instrumen musik jeung konversi matematika, jadi skala musik nu ngagunakeun logaritma. Nyoko kana konsép interval cents ti Ellis (1884). Hornbostel (1920), jeung music rule ti Reiner. Satu luyna, ku Pa Machjar ieu alat dipaké nalungtik titilaras (langga nada) pentatonis (da-mi-na-ti-la) jeung diatonis (do-re-mi-fa-so-la si) nepi ka anjeunna tilarna
Taun 1933, anjeunna ngatik seni sora di sakola-sakola pribumi di Jabar. Dina jaman Jepang (1942-1945) ngatik di sakola guru. Ti taun 1945-1947, jadi guru élmu alam, sajarah, jeung basa Inggris SMP jeung SMA di Bandung. Laju diangkat jadi Kepala Kantor Pendidikan (Koordinator Pendidikan Rendah) di Sumedang taun 1947-1950. Diangkat deui jadi ahli Jawatan Kebudayaan Jabar.
Taun 1958-1959, jadi Direktur Konservatori Karawitan Sun da Bandung. Salian ti éta, anjeunna gé jadi dosén luar biasa pi keun ngajar élmu akustik jeung gamelan Sunda di Konservatori Karawitan Surakarta (1953-1959)
    Pa Machjar nikah jeung Ibu Saimah (salasaurang lulusan munggaran ti sakola guru isteri Van Deventer, Salatiga), kalawan dipaparin sapuluh putra. Hanjakalna, taya saurang ogé putra-pu trana anu icikibung dina widang seni, réréana ahli dina widang élmu alam, di antarana R. Machjeu Koesoemadinata (alm), R. Kama Koesoemadinata (alm) ahli vulkanologi di Direktorat Vul kanologi, Departemen Pertambangan, R Karlina Sudarsono (alm), dr. R. Soetedja Koesoemadinata (alm), Prof. Dr. R. Prajat na Koesoemadinata (guru besar élmu géologi ITB), Dr. R. Santosa Koesoemadinata (pangsiunan panalungtik biologi di Departe men Pertanian), dr. R. Rasarati Djajakoesoemah (alm), Prof. Dr. R. Roekimiati Tjokronegoro (guru besar élmu kimia Universitas Padjadjaran), R. Muhamad Sabar Koesoemadinata (ahli geologi Kwarter di Pusat Penelitian dan Pengembangan Géologi), jeung Ir. R. Margana Koesoemadinata (alm. ahli akustik di LIPI jeung di KLH).
Putra-putrana kungsi ngadegkeun Yayasan Daminatila, pi keun pangéling-ngéling jeung ngalanakeun jasa jeung karya Pa Machjar.
    Lagu-lagu nu diciptakeun ku Pa Machjar di antarana “Lemah Cai”, “Déwi Sartika”, “Sinom Puspasari”, jeung ngadangding tembang Sunda kalawan ngagunakeun notasi. Nyipatkeun Gen ding Karesmén (opera Sunda nu disebut Rinenggasari) nyaéta “Sarkam-Sarkim” (1926), “Permana-permana Sari” (1930), “Sekar Mayang” (1935), “Tresnawati” (1959), jeung “Iblis Mindo Wahyu” (1968)
Dina wangun tinulis, Pa Machjar gé nyusun buku Ringkesan Pangawikan Rinenggaswara (1950), Ilmu Seni Laras (1969), jeung bu ku-buku lagu Sunda. Babarengan jeung Mr. Jaap Kunst réa nga hasilkeun tulisan (publikasi ilmiah) ngeunaan tiori musik gamelan. Pa Machjar gé nyiptakeun gamelan ékspériméntal ngagunakeun 9 titilaras pikeun pélog (1939), jeung 10 titilaras pikeun saléndro (1938). Hanjakal, éta dua gamelan téh leungit waktu jaman Jepang.
    Taun 1969, Pa Machjar nyiptakeun karya nu monumental, nyaé ta gamelan nu dingaranan “Ki Pembayun” (hartina Si Cikal, kacatet minangka gamelan pangbadagna di Indonésia), kalawan bantuan ti Industri Pariwisata Provinsi Jabar, disesepuhan ku RA. Sjukur Dharma Kesuma. Ieu gamelan ngawengku 17 titilaras, unggal hiji oktaf ngawengku 17 interval nu sarua. Ieu modél téh sipatna gem bleng, sabab ngabogaan nada-nada nu lengkep. Lain baé bisa mirig laras pentatonis (pélog, saléndro, degung, madenda, kobongan, jeung mataraman), tapi ogé bisa mirig lagu-lagu dina laras diatonis.
Gamelan “Ki Pembayun” pada ngabagéakeun, boh ku seniman lokal boh mancanagara. Nurutkeun Andrew Weintraub, ahli étno- musikologi (2001), munculna gamelan sorog nu mekar di masarakat Sunda kiwari, hakékatna mah pangaruh ti gamelan “Ki Pemba yun”. Hanjakalna ieu gamelan téh bet tuluy leungit, kari potrétna jeung gentrana nu karékam ku Dr. Margaret Kartomi, ahli musik di Monash University, Australia.
    Ku lantaran jasa-jasana, hususna dina widang karawitan Sun da, réa pangajén nu katarima ku l’a Machjar. Di antarana pangajén ti Ikatan Seniman Sunda (1959), Piagam Anugrah Seni, salaku ahli karawitan Sunda, ti Menteri Pendidikan dan Kebudayaan (1969), pangajén cipta lagu rampak sekar “Ibu Dewi Sartika” (1975), jeung réa-réa deui.

LATIHAN 2
  1. Saha Raden Machjar Angga Koesoemadinata téh?
  2. Ti iraha bakat seni tumuwuh dina jiwa Raden Machjar Angga Koesoemadinata?
  3. Jéntrékeun riwayat sakola Raden Machjar Angga Koesoemadinata!
  4. Jéntrékeun riwayat pagawéan jeung karir Raden Machjar Angga Koesoemadinata!
  5. Sebutkeun karya-karya Radén Machjar Angga Koesoemadinata, boh dina wangun seni sora jeung musik, boh dina wangun tulisan jeung gamelan!
  6. Élmu jeung tiori naon nu jadi dasar Radén Machjar Angga Koesoema dinata dina nyiptakeun gamelan ékspériméntalna?
  7. Sebutkeun karya Raden Machjar Angga Koesoemadinata nu paling monumental!
  8. Naon anu jadi bagian penting dina panalungtikanana Raden Machjar Angga Koesoemadinata dina galuring hirupna?
  9. Pangajén naon waé nu kungsi ditarima ku Raden Machjar Angga Koesoemadinata?
  10. Buku naon nu kungsi disusun ku Raden Machjar Angga Koesoemadinata ?

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

2023 Juni | Rencana PAS S2 _ Sunda 11

Kelas XI BAB 1. RUMPAKA KAWIH, ↪↪↪ BAB 2. SAJAK, ↪↪↪ BAB 3. PAKEMAN BASA, ↪↪↪ BAB 4. NOVEL, ↪↪↪ BAB 5. BABASAN, ↪↪↪ BAB 6. WARTA, ↪↪↪ ...