BANK SOAL - PAS S1 - B. SUNDA 11 | 2223

SOAL PAS S1 B. SUNDA KELAS 11

Materi Pakeman basa & Novel

26.  Ari pakeman basa teh mangrupa ungara basa anu angger atawa geus matok. Ari kecap ‘pakem’ teh asalna tina ‘vakum’ nyaeta basa ….

A.     Walanda

B.     Jerman

C.     Jepang

D.     Inggris

E.      Portugis

27.  Ari ‘pakeman basa’ dina basa Indonesia mah saru jeung ‘ungkapan kata’ atawa ….

A.     Idiot

B.     Idiom

C.     Anonim

D.     Sinonim

E.      Antonim

28.  Diantara rupa-rupana ‘Pakeman basa’ teh nyaeta, kejaba ….

A.     Babasan

B.     Paribasa

C.     Rakitan lantip

D.     Panyaraman

E.      Pupuh

29.  Perhatikeun kecap-kecapan di handap ieu ….

1.      Hampang birit

2.      Gede hulu

3.      Buntut Kasiran

4.      Teu eleh geleng

5.      Paeh pikir

Ari babasan nu hartina babari dititah, nyaeta ….

A.     1

B.     2

C.     3

D.     4

E.      5

30.  Ari kececapan atawa kecap kiasan di luhur, dina nomor 29. anu hartina ‘teu aya kahayang’ nyaeta ….

A.     5

B.     5

C.     3

D.     2

E.      1

31.  Perhatikeun kekecapan rakitan lantip di handap ieu.

Ceuk indung ka budak awewena, “Neng, pang gedeankeun kompor!, eukeur naheur cai dina langseng”. Tembal budakna, “Mangga, ema…”

Ari maksud ‘Pang gedeankeun kompor’ teh nyaeta ….

A.     Pang gedeankeun caina

B.     Pang gedeankeun langsengna

C.     Pang gedeankeun seuneuna

D.     Pang gantikeun sumbuna

E.      Pang gantikeun tabung gasna

32.  Ari kecap ‘Panca Pandawa Ngemban Bumi’ teh candrasangkala anu hartina ….

A.     Taun 1255 taun saka

B.     Taun 5521 taun saka

C.     Taun 1255 taun jawa

D.     Taun 5521 taun jawa

E.      Taun 1255 taun masehi

33.  Perhatikeun ‘Panyaraman’ di handap ieu.

Ceuk bapana ka budakna, “Tong, diuk dina lawang panto, sok nontot …….”

Ari lengkepna kecap-kecapan di luhur teh nyaeta ….

A.     sok nongtot semah

B.     sok nongtot jodo

C.     sok nongtot paku

D.     sok nongtot palupuh

E.      sok nongtot bangbarung

34.  Perhatikeun ‘Pangjurungan’ di handap ieu.

1.      Kudu hade gogog hade tagog

2.      Kudu boga saku dua

3.      Kudu nepi memeh indit

4.      Kudu bisa ngeureut neundeun

5.      Kudu bisa kabula kabale

Aya kecap-kecapan ‘pangjurung’ dina omongan kieu: “Cik atuh, sing hade basa jeung hade tingkah laku.” Nyaeta …..

A.     1

B.     2

C.     3

D.     4

E.      5

35.  Ari kecap-kecapan ‘pangjurung’ dina omongan kieu: “Cik, mamah, kedah tiasa ngajeujeuh-jeujeuh rejeki, sangkan bisa mahi” nu pasna nyaeta ….

A.     1

B.     2

C.     4

D.     5

E.      3

36.  Ari karya rekaan (fiksi) dina wangun prosa anu panjang caritana, ngarancabang galurn, rupa-rupa tokoh jeung kajadiannana, anu kieu teh disebutna ….

A.     Drama

B.     Puisi

C.     Pantun

D.     Sisindiran

E.      Novel

37.  Ari anu dimaksud ku ‘Amanat’ dina unsur-unsur intrinsik novel nyaeta ….

A.     Ideu pokok carita

B.     Talatah moral anu hayang ditepikeun

C.     Sifat atawa watek

D.     Posisi pangarang dina carita

E.      Kasangtukang tempat, waktu, jeung kaayaan dina setingan carita

38.  Perhatikeun sempalan carita di handap ieu.

Si Dower.

Aya hiji pendekar sakti nu cenah ayeuna cicing di puncak Gunung Rakutak nu ngarana Si Dower.

5 tahun katukang, Si Dower anu boga ngaran asli Jaka Ladana, ngalalana ti paguron ka paguron, nyuprih pangarti geusan diri jadi sakti, neangan pangabisa sangkan awak madraguna, miluruh elmu kadigjayaan, anu antukna papanggih jeung guru sakti madraguna nu ngaranna Ki Debleng.

Ki Debleng, anu jadi guruna Si Dower teh kalintang bageur, someah jeung handap asor. Ki Debleng teh hiji sepuh anu nyaahan ka sasama, asih kanu leutik, hormat ka saluhureun.

Ngilik galurna, carita di luhur teh make galur ….

A.     Maju

B.     Mundur

C.     Campuran

D.     Bengkok

E.      Lempeng

39.  Ari tokoh nu jadi jejer carita di luhur nyaeta ….

A.     Si Dower

B.     Ki Debleng

C.     Diri jadi sakti

D.     Awak mandraguna

E.      Paguron-paguron

40.  Ari sifat-sifatan anu lain mangrupakeun sifat-sifat Ki Debleng nyaeta ….

A.     Bageur

B.     Asihan

C.     Nyaahan

D.     Hormat

E.      Bengal

ESSAY

41.  Sebutkeun 3 ciri novel anu anjeun apal.

(Wangun prosa panjang, tokohna loba, jejer jeun eusina nyaritakeun kahirupan sapopoe)

42.  Aya sabaraha rupa galur dina carita, boh novel atanapi nu sejenna. Sebutkeun galur nu anjeun apal.

(Galur maju : carita anu dimimitian ti mimiti nepi ka ahir kajadian

Galur mundur : carita anu dimitian ti akhir kajadian nepi ka awal kajadian.

Galur campuran : campuran tina galur maju jeung galur mundur.)

43.  Jieun kecap-kecapan tina ‘pakeman basa’ di handap ieu!

1.      Kudu boga saku dua

2.      Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan

44.  Jieun kawih pupujian sangkan getol sholat dhuha jeung tahajud!

45.  Jieun sajak cinta nu islami! 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

2023 Juni | Rencana PAS S2 _ Sunda 11

Kelas XI BAB 1. RUMPAKA KAWIH, ↪↪↪ BAB 2. SAJAK, ↪↪↪ BAB 3. PAKEMAN BASA, ↪↪↪ BAB 4. NOVEL, ↪↪↪ BAB 5. BABASAN, ↪↪↪ BAB 6. WARTA, ↪↪↪ ...