11.3 | PAKEMAN BASA

11.3 | PAKEMAN BASA

DAFTAR ISI

MATERI PAKEMAN BASA SUNDA
  1. PERKARA PAKEMAN BASA
  2. CIRI PAKEMAN BASA
  3. RUPA-RUPA PAKEMAN BASA
    • • BABASAN
    • • PARIBASA
    • • KEKECAPAN
    • • RAKITAN LANTIP
    • • CACANDRAAN
    • • CANDRASANGKALA
    • • UGA
    • • CATURANGGA
    • • PANYARAMAN
    • • PANGJURUNGAN
  4. LATIHAN SOAL 1
  5. KUNCI JAWABAN
  6. RANGKUMAN
=======

1. PERKARA PAKEMAN BASA

Pakeman basa téh dina basa Indonésia disebutna ungkapan kata atawa idiom. Kecap “pakeman” (basa Walanda vakum hartina ‘matok’ atawa ‘angger’). Pakeman basa nuduhkeun ungkara basa anu angger atawa geus matok. Ilaharna pakeman basa teh mangrupa kalimah atawa gundukan kecap anu geus dipatok, geus ditaker diwatesanan, teu meunang dirobah, boh dirobah unina atawa éjahanana, boh dirobah tempatna atawa dilemeskeun.

Tina cutatan di luhur ébréh yén pakeman basa (basa Indonésia: ungkapan kata atawa idiom) téh, nyaéta ungkara basa anu husus tur mandiri, winangun kalimah atawa gundukan kecap anu geus matok, geus ditaker diwatesanan, teu meunang dirobah, boh dirobah unina atawa éjahanana, boh dirobah tempatna atawa dilemeskeun. Harti nu dikandungna mangrupa harti injeuman atawa siloka lakuning hirup manusa, anu teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa atawa harti nu dikandung ku unsur-unsurna.

2. CIRI PAKEMAN BASA

Dumasar kana watesan di luhur, pakeman basa téh ngabogaan sababaraha ciri, di antarana waé:

  1. Ungkara basa anu husus tur mandiri (has);
  2. Winangun kalimah atawa gundukan kecap anu geus matok;
  3. Susunan kecap-kecapna teu bisa dirobah;
  4. Kecap-kecapna teu bisa diganti atawa dilemeskeun;
  5. Harti nu dikandungna mangrupa harti injeuman;
  6. Harti nu dikandungna mangrupa babandingan siloka lakuning hirup manusa,
  7. Harti nu dikandungna teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa atawa harti nu dikandung ku unsur-unsurna

3. RUPA-RUPA PAKEMAN BASA

Aya rupa-rupa pakeman basa, nyaeta babasan, panbasa, kekecapan, rakitan lantip, cacandran, candrasangkala, uga, caturangga, jeung panyaraman.

BABASAN

Babasan nyaéta kecap atawa gundukan kecap anu ngandung harti injemuan atawa kiasan. Contona:

1) Hampang birit = babari dititah
2) Gede hulu = sombong
3) Buntut kasiran = korét, medit

PARIBASA

Paribasa nyaéta ungkara basa winangun kalimah anu ngandung harti babandingan minangka siloka lakuning hirup manusa. Eusi paribasa bisa mangrupa wawaran luang, pangjurung laku alus, jeung panyaram lampah salah.

Contona:

1) Adat kakurung ku iga = tabéat mah hésé dipiceunna atawa dirobahna.
2) Anjing ngagogogan kalong = mikahayang nu pamohalan bisa laksana.
3) Gindi pikir belang bayang = goréng haté, resep nyilakakeun batur.

KEKECAPAN

Kekecapan atawa kecap kiasan, nyaéta kecap-kecap atawa gundukan kecap anu geus jadi among-omongan atawa kailaharan, satengah babasan, umumna ngandung harti injeuman.

Contona:

1) Dinangna-néngné = dipiara atawa dipikanyaah pisani
2) Teu éléh géléng = teu éléh kakuatan
3) Paéh pikir = teu aya kahayang
4) Ngeupeul = körét atawa medit
5) Awal ahir = engké ka hareup

RAKITAN LANTIP

Rakitan lantip, nyaéta susunan kecap atawa ungkara kalimah anu dihartikeun henteu sacéréwéléna, tapi ku kabiasaan maké dadasar kalantipan.

Contona:

1) Nyai, panggedéankeun kompor. (Anu digedéan téh lain komporna, tapi seuneuna).
2) Jang, pangmegatkeun sado kosong. (Sado kosong téh nyaéta sado nu euweuh panumpangan, tapi aya kudaan jeung aya kusiran).

CACANDRAAN

Cacandraan, nyaéta panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun, diucapkeun ku karuhun urang jauh saméméh kajadian.

Contona;

1) Bandung heurin ku tangtung. (Bandung gegek padumukna).
2) Sumedang ngarangrangan. (Sumedang kungsi dipingpin ku lain turunan Sumedang).
3) Bandung heuring ku tangtung
4) Sukapura ngadaun ngora
5) Sumedang ngarangrangan
6) Cianjur katalanjuran
7) Galunggung ngadeg tumenggung
8) Pangandaran andar-andaran
9) Wanayasa macangkrama
10) Banagara sor katengah

CANDRASANGKALA

Candrasangkala, nyaéta kaweruh ngeunaan taun kajadian hiji perkara anu dibalibirkeun tur maké Taun Saka. Runtuyanana ilaharna dibalikkeun. Ari bédana Taun Saka jeung Taun Maséhi téh 78 taun.

Contona:

Panca Pandawa Ngemban Bumi.

5 5 2 1

1255 Taun Saka, nyaéta ngadegna Karajaan Pajajaran. Lamun dirobah kana Taun Maséhi, kudu ditambah 78 taun. 1255 + 78 = 1333. Jadi, ngadegna Karajaan Pajajaran téh 1333 Maséhi.

UGA

Uga, nyaéta sabangsa ramalan ngeunaan maju mundurna kaayaan nagara, anu diucapkeun ku karuhun urang jauh samémeh kajadian.

Contona:

Sunda nanjung mun nu pundung ka Cikapundung geus balik deui. (Urang Sunda bakal nanjung atawa undak harkat darajatna lamun kapribadian jeung tangtungan urang Sunda geus balik deui ka dirina).

CATURANGGA

Caturangga, nyaéta kaweruh pikeun mikanyaho hadé goréngna watek kuda pikeun diingu. Contona:

Wisnu murti

(Watek kuda anu hadé lantaran mawa bagja ka nu boga. Cirina nyaéta sakabéh warna bulu kuda nu hideung meles).

Satria tinayungan

Watek kuda anu hadé, matak mulya ka nu ngingu. Tandana kukulinciran dina tonggong handapeun sela belah hareup.

Sekar panggung

Watek kuda anu hadé, matak loba rejeki ka nu ngingu. Tandana bulu suku kuda ti handap nepi kana tuurna, opatanana warna bodas.

Sumur bandung

Watek kuda anu hadé, matak loba rejeki. Tandana kukulinciran dina tarang kuda.

Buaya ngangsar

Watek kuda anu goréng, dibawa meuntas dina leuwi sok tikerelep, dina parung sok depa. Tandana kukukinciran dina beuteung belah tukang.

Tumpur ludes

Watek kuda anu goréng, matak sangsara ka nu ngingu.

Tandana kukulinciran dina beuteung belah hareup.


Turub layuan

Watek kuda anu goreng, matak pikasieuneun. Tandana kukulinciran dina tonggong kuda, handapeun sela belah hareup

PANYARAMAN

Panyaraman, nyaéta runtuyan kecap-kecap atawa omongan anu eusina panyarék sangkan ulah milampah hiji pagawéan. Lamun dipilampah, bakal aya mamalana atawa balukarna.

Contona: 

Ulah diuk dina lawang panto, bisi nongtot jodo.

(Lawang panto téh paranti kaluar asup jalma, tempat lalar liwat. Lamun urang diuk dina lawang panto, tangtu ngahalangan batur. Sangkan henteu kitu, nya disingsieunan ku panyaraman nongtot jodo atawa jomblo).

Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan
Hartina: ulah sieun, kudu gede kawani
Ulah kumeok memeh dipacok
Hartina: ulah waka nyebut teu sanggup saacan dicoba
Ulah incah balilahan
Hartina: ulah rek ninggalkeun tapi kudu tetep satia
Ulah nyeungceurikan upih ragrag
Hartina: ulah popoyok kanu kolot, da bakal ngalaman
Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung

Hartina: ulah babari bosenan, tapi kudu satian salilana

PANGJURUNGAN

Pangjurungan, nyaéta runtuyan kecap-kecap atawa omongan anu eusina panitah sangkan daek milampah hiji pagawéan. Lamun dipilampah, bakal aya mamalana atawa balukarna.

Contona: 

Kudu bisa ngeureut neundeun
Hartina: kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki, kudu sina mahi
Kudu boga pikir rangkepan
Hartina: ulah sabongbrong, kudu aya rasa waspada
Kudu boga saku dua
Hartina: ulah mere koredas, ari sorangan menta
Kudu hade gogog hade tagog
Hartina: hade basa jeung hade tingkah lakuna
Kudu nepi memeh indit
Hartina: kudu direncanakeun kalawan asak
Kudu bisa kabula kabale
Hartina: kudu bisa mawa awak

LATIHAN SOAL 1

1. naon ari pakeman basa teh?
2. kumaha ciri-ciri pakeman basa?
3. naon wae rupa-rupa pakeman basa?

KUNCI JAWABAN

RANGKUMAN

  • Pakeman basa nyaéta ungkara basa anu husus tur mandiri, winangun kalimah atawa gundukan kecap anu geus matok, geus ditaker diwatesanan, teu meunang dirobah, boh dirobah unina atawa éjahanana, boh dirobah tempatna atawa dilemeskeun.
  • Babasan nyaéta kecap atawa gundukan kecap anu ngandung harti injeuman.
  • Paribasa nyaéta ungkara kalimah anu ngandung harti babandingan minangka siloka lakuning hirup manusa.
  • Kekecapan atawa kecap kiasan, nyaéta kecap-kecap atawa gundukan kecap anu geus jadi omong-omongan atawa kailaharan, satengah babasan, umumna ngandung harti injeuman.
  • Rakitan lantip nyaéta susunan kecap atawa ungkara kalimah anu dihartikeun henteu sacéréwéléna, tapi ku kabiasaan maké dadasar kalantipan.
  • Cacandran, nyaéta panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun, diucapkeun ku karuhun urang jauh saméméh kajadian.
  • Candrasangkala, nyaéta kaweruh ngeunaan taun kajadian hiji perkara anu dibalibirkeun tur maké Taun Saka.
  • Uga, nyaéta sabangsa ramalan ngeunaan maju mundurna kaayaan nagara, anu diucapkeun ku karuhun urang jauh samémeh kajadian


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

2023 Juni | Rencana PAS S2 _ Sunda 11

Kelas XI BAB 1. RUMPAKA KAWIH, ↪↪↪ BAB 2. SAJAK, ↪↪↪ BAB 3. PAKEMAN BASA, ↪↪↪ BAB 4. NOVEL, ↪↪↪ BAB 5. BABASAN, ↪↪↪ BAB 6. WARTA, ↪↪↪ ...