BANK SOAL - PAS S1 - B. SUNDA 11 | 2223

SOAL PAS S1 B. SUNDA KELAS 11

Materi Pakeman basa & Novel

26.  Ari pakeman basa teh mangrupa ungara basa anu angger atawa geus matok. Ari kecap ‘pakem’ teh asalna tina ‘vakum’ nyaeta basa ….

A.     Walanda

B.     Jerman

C.     Jepang

D.     Inggris

E.      Portugis

27.  Ari ‘pakeman basa’ dina basa Indonesia mah saru jeung ‘ungkapan kata’ atawa ….

A.     Idiot

B.     Idiom

C.     Anonim

D.     Sinonim

E.      Antonim

28.  Diantara rupa-rupana ‘Pakeman basa’ teh nyaeta, kejaba ….

A.     Babasan

B.     Paribasa

C.     Rakitan lantip

D.     Panyaraman

E.      Pupuh

29.  Perhatikeun kecap-kecapan di handap ieu ….

1.      Hampang birit

2.      Gede hulu

3.      Buntut Kasiran

4.      Teu eleh geleng

5.      Paeh pikir

Ari babasan nu hartina babari dititah, nyaeta ….

A.     1

B.     2

C.     3

D.     4

E.      5

30.  Ari kececapan atawa kecap kiasan di luhur, dina nomor 29. anu hartina ‘teu aya kahayang’ nyaeta ….

A.     5

B.     5

C.     3

D.     2

E.      1

31.  Perhatikeun kekecapan rakitan lantip di handap ieu.

Ceuk indung ka budak awewena, “Neng, pang gedeankeun kompor!, eukeur naheur cai dina langseng”. Tembal budakna, “Mangga, ema…”

Ari maksud ‘Pang gedeankeun kompor’ teh nyaeta ….

A.     Pang gedeankeun caina

B.     Pang gedeankeun langsengna

C.     Pang gedeankeun seuneuna

D.     Pang gantikeun sumbuna

E.      Pang gantikeun tabung gasna

32.  Ari kecap ‘Panca Pandawa Ngemban Bumi’ teh candrasangkala anu hartina ….

A.     Taun 1255 taun saka

B.     Taun 5521 taun saka

C.     Taun 1255 taun jawa

D.     Taun 5521 taun jawa

E.      Taun 1255 taun masehi

33.  Perhatikeun ‘Panyaraman’ di handap ieu.

Ceuk bapana ka budakna, “Tong, diuk dina lawang panto, sok nontot …….”

Ari lengkepna kecap-kecapan di luhur teh nyaeta ….

A.     sok nongtot semah

B.     sok nongtot jodo

C.     sok nongtot paku

D.     sok nongtot palupuh

E.      sok nongtot bangbarung

34.  Perhatikeun ‘Pangjurungan’ di handap ieu.

1.      Kudu hade gogog hade tagog

2.      Kudu boga saku dua

3.      Kudu nepi memeh indit

4.      Kudu bisa ngeureut neundeun

5.      Kudu bisa kabula kabale

Aya kecap-kecapan ‘pangjurung’ dina omongan kieu: “Cik atuh, sing hade basa jeung hade tingkah laku.” Nyaeta …..

A.     1

B.     2

C.     3

D.     4

E.      5

35.  Ari kecap-kecapan ‘pangjurung’ dina omongan kieu: “Cik, mamah, kedah tiasa ngajeujeuh-jeujeuh rejeki, sangkan bisa mahi” nu pasna nyaeta ….

A.     1

B.     2

C.     4

D.     5

E.      3

36.  Ari karya rekaan (fiksi) dina wangun prosa anu panjang caritana, ngarancabang galurn, rupa-rupa tokoh jeung kajadiannana, anu kieu teh disebutna ….

A.     Drama

B.     Puisi

C.     Pantun

D.     Sisindiran

E.      Novel

37.  Ari anu dimaksud ku ‘Amanat’ dina unsur-unsur intrinsik novel nyaeta ….

A.     Ideu pokok carita

B.     Talatah moral anu hayang ditepikeun

C.     Sifat atawa watek

D.     Posisi pangarang dina carita

E.      Kasangtukang tempat, waktu, jeung kaayaan dina setingan carita

38.  Perhatikeun sempalan carita di handap ieu.

Si Dower.

Aya hiji pendekar sakti nu cenah ayeuna cicing di puncak Gunung Rakutak nu ngarana Si Dower.

5 tahun katukang, Si Dower anu boga ngaran asli Jaka Ladana, ngalalana ti paguron ka paguron, nyuprih pangarti geusan diri jadi sakti, neangan pangabisa sangkan awak madraguna, miluruh elmu kadigjayaan, anu antukna papanggih jeung guru sakti madraguna nu ngaranna Ki Debleng.

Ki Debleng, anu jadi guruna Si Dower teh kalintang bageur, someah jeung handap asor. Ki Debleng teh hiji sepuh anu nyaahan ka sasama, asih kanu leutik, hormat ka saluhureun.

Ngilik galurna, carita di luhur teh make galur ….

A.     Maju

B.     Mundur

C.     Campuran

D.     Bengkok

E.      Lempeng

39.  Ari tokoh nu jadi jejer carita di luhur nyaeta ….

A.     Si Dower

B.     Ki Debleng

C.     Diri jadi sakti

D.     Awak mandraguna

E.      Paguron-paguron

40.  Ari sifat-sifatan anu lain mangrupakeun sifat-sifat Ki Debleng nyaeta ….

A.     Bageur

B.     Asihan

C.     Nyaahan

D.     Hormat

E.      Bengal

ESSAY

41.  Sebutkeun 3 ciri novel anu anjeun apal.

(Wangun prosa panjang, tokohna loba, jejer jeun eusina nyaritakeun kahirupan sapopoe)

42.  Aya sabaraha rupa galur dina carita, boh novel atanapi nu sejenna. Sebutkeun galur nu anjeun apal.

(Galur maju : carita anu dimimitian ti mimiti nepi ka ahir kajadian

Galur mundur : carita anu dimitian ti akhir kajadian nepi ka awal kajadian.

Galur campuran : campuran tina galur maju jeung galur mundur.)

43.  Jieun kecap-kecapan tina ‘pakeman basa’ di handap ieu!

1.      Kudu boga saku dua

2.      Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan

44.  Jieun kawih pupujian sangkan getol sholat dhuha jeung tahajud!

45.  Jieun sajak cinta nu islami! 

BANK SOAL - PAS S1 - B. SUNDA 12 | 2223

SOAL PAS S1 B. SUNDA KELAS 12

Materi Mandu Acara / Panumbu Catur & Tarjamahan

26.  Ari panumbu catur teh nyaeta jalma nu dipercaya pikeun ngatur patali marga diantara pamilon diskusi. Ari pancen panumbu catur teh nyaeta salian….

A.     Miara lancarna diskusi

B.     Ngalelempeng jalana diskusi

C.     Nampung jeng ngamalirkeun kahayang pamilon

D.     Nyieun kacindekan saheulaanan tina diskusi

E.      Ngaborak-barik acara jeung nyeukseukan pamilon

27.  Persiapan pikeun nyanghareupan diskusi, maka anu jadi Panumbu Catur kudu bisa hal-hal ieu, kajaba ….

A.     Komunikasi anu alus

B.     Mikawanoh karakter pamilon

C.     Ngaakraban samemeh diskusi lumansung

D.     Boga gambaran jelas tina pibakaleun hasil diskusi

E.      Teu siap nyanghareupan naon anu bakal kajadian

28.  Panumbu catur lamun bahasa Indonesiana mah nyaeta ….

A.     Moderator

B.     Protokol

C.     Pemain catur

D.     Fasilitator

E.      Mediator

29.  Perhatoskeun, eusi ceramah di handap ieu!

“Para hadirin,

Hayu urang niatan, ku diskusi ieu the, sangkan urang menang jalan nu maslahat kangge lengkah urang sadayana kapayunna. Tinangtos nu diharep pisan yen ku urang hirup the urang dipikaresep sareng dipikarido ku Alloh SWT.

Para bapak, para ibu, para saderek sadayana,

Ari diskusi teh sami sareng musyawarah?

Aya dawuh Alloh anu kieu unggelna dina Surat Ali Imran  ayat :159

 

فَبِمَا رَحْمَةٍ مِنَ اللَّهِ لِنْتَ لَهُمْ ۖ وَلَوْ كُنْتَ فَظًّا غَلِيظَ الْقَلْبِ لَانْفَضُّوا مِنْ حَوْلِكَ ۖ فَاعْفُ عَنْهُمْ وَاسْتَغْفِرْ لَهُمْ وَشَاوِرْهُمْ فِي الْأَمْرِ ۖ فَإِذَا عَزَمْتَ فَتَوَكَّلْ عَلَى اللَّهِ ۚ إِنَّ اللَّهَ يُحِبُّ الْمُتَوَكِّلِينَ

 

Maka kusabab rohmat Alloh anjeun berlaku lemah lembut ka maranehna. Sakirana anjeun kasar jeung hate umaing, pasti bae maranehna bakal ngajauhkeun diri ti sakurilingeun anjeun. Ku hal eta, hampura bae maranehna, pang mentakeun hampura pikeun maranehna, jeng pek musyawarah (diskusi) jeung maranehna dina eta urusan. Tuluy, lamun anjeun buleud tekad, maka takwalah Ka Alloh, Estu Alloh mah mikaresep kanu tawakal ka Mantena.” (QS Ali Imran ayat 159)

Yen diskusi teh parentah….

Cekap sakitu, mangga urang kawitan ieu diskusi teh.

Sumangga.”

Ari kecap “hayu” dina bubuka di luhur, tujuannana nyaeta ….

A.     Ngabejaan

B.     Mere wawasan

C.     Ngahibur

D.     Ngajak

E.      Nyegah

30.  Kecap “Cekap sakitu, mangga urang buka….” Dina ucapan Panumbu Catur di luhur, mangrupa ….

A.     Bubuka

B.     Kacindekan

C.     Panutup

D.     Eusi pedaran

E.      Panyalengor

31.  Tarjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén. Istilah séjén sok aya nu nyebut ...

A.     alih basa             C. Alih kalimah E. Alih carita

B.     alih kecap            D. Alih omongan

32.   Ajip Rosidi (kurang leuwih taun 80-an) kungsi midangkeun artikel nu nétélakeun yén tarjamahan téh kudu....

A.     "hade" jeung "alus"                     D. "geulis" jeung "satia"

B.     "sarasa" jeung "sajiwa"               E. "sarua" jeung "papak"

C.     "luhung" jeung "jembar"

33.  Dina narjamahkeun aya syarat geulis tur satia, maksudna nyaeta ....

A.     Geulis nu macana, satia ngadagoannana

B.     Geulis basana, satia maknana

C.     Geulis maknana, satia basana

D.     Geulis tulisanana, satia dina lisana

E.      Geulis kabogohna, satia ngangantina

34.  Dina narjamahkeun aya anu disebut ngilo atawa ngailo, nyaeta ….

A.     Maca pikiran batur

B.     Maca ku hate

C.     Nulis dina kertas

D.     Maca hate batur

E.      Nimbangan kertas urut

35.  Lengkah-lengkah nyieun tarjamahan:

1)        nerjemahkeun luyu jeung kaidah-kaidahna

2)        maca dina jero hate (maca ngilo)

3)        paham kana alur carita (prosa)/eusi dina sajak (lancaran)

4)        nyiapkeun teks anu rek ditarjamahkeun

5)        mariksa hasil nerjemahkeun

Lengkah anu bener ...

A.     5 – 2 – 3 – 1 – 4              D. 5 – 4 – 3 – 2 – 1

B.     1 – 2 – 5 – 3 – 4              E. 4 – 2 – 3 – 1 – 5

C.     1 – 2 – 3 – 4 – 5

36.  Tarjamahan tina amis budi nyaeta:

A.     Budi yang manis            D. Wajah manis

B.     Manis sekali                  E. Murah senyum

C.     Si budi yang berwajah manis

37.  Tarjamahan tina amis daging nyaeta:

A.     Daging yang manis

B.     Manis daging

C.     Memiliki daging yang manis

D.     Mudah terkena penyakit kulit

E.      Selalu berwajah manis dalam kehidupan

38.  Tarjamahan tina bengkok tikoro nyaeta ...

A.     Bengkok tenggorokan

B.     Tenggorokan yang bengkok

C.     Tidak kebagian makanan karena telat datang

D.     Tenggorokan yang melengkung

E.      Tenggorokan manusia yang bengkok atau melengkung

39.  Tarjamahan tina Agul ku payung butut nyaeta ...

A.     Sombong dengan silsilah keluarga atau keluarga sendiri

B.     Keluarga yang punya payung sudah butut

C.     Sombong oleh payung butut

D.     Punya payung yang butut

E.      Bahagia punya payung

40.  Tarjamahan  Bentik curuk balas nunjuk nyaeta ...

A.     Jari telunjuk sedang menunjuk

B.     Jari telunjuk membalas menunjuk

C.     Suka memarahi orang lain

D.     Suka menyuruh-nyuruh orang lain

E.      Suka meminta-minta padahal mampu

ESSAY

41.  Wawacan teh sok ditulis dina rupa pupuh. Ari pupuh eta aya 17 rupa. Sebutkeun 5 pupuh anu anjeun apal

(Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (KSAD), Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong.)

42.  Ari artikel sunda aya 5 rupa, sebutkeun 3 diantarana!

(Artikel narasi, deskripsi, eksposisi, argumentasi, persuasi)

43.  Sebutkeun pancen-pancen Panumpu Catur!

(Miara kalancaran, Ngarahkeun jalan diskusi, Nampung jeung ngamalirkeun sangkan kahontal tujuan, nyieun kacindekan, ngarumuskeun hasil nu ditarima)

44.  Lamun anjeun salaku Panumbu Catur, kumaha kecap-kecapan anjeun ngawanohkeun pangjejer?

(“Hadirin sadaya, sateuacan diskusi dikawitan, langkung ti payun sim kuring seja ngawanohkeun heula parapangjejer dina ieu diskusi. Nu kahiji sadérék……ti kelas…..)

45.  Pang narjamahkeun kecap-kecapan di handap ieu, kana basa Indonesia!

1.      Adi beuteung kaula nyeuri beuteung.

2.      Clom, giriwil. Kitu kamari basa kula ngusep di balong aki.


PAS_1 B. SUNDA 10, 11, & 12 | 2022/2023

Assalamu'alaikum Wr. WB.
Berikut ini adalah soal-soal PAS (Penilaian Akhir Semester)
Pada Semester 1
Tahun Pelajaran 2022/2023
Di Sekolah SMA Plus Tauhidul Afkar
Mata Pelajaran : Mulok BASA SUNDA
Guru Pengampu : Dudi Ridwan, M. Dudi Ridwan, (Duridwancjg, Duridwancjg TeA, Duridwangurunatafkar)

BASA SUNDA KELAS 10
📂X | 10
💦💦💦💦💦💦💦💦💦💦💦💦💦💦💦💦💦
BASA SUNDA KELAS 11

BASA SUNDA KELAS 12

PTS_1 B. SUNDA 10, 11, & 12 | 2223

Assalamu'alaikum Wr. WB.
Berikut ini adalah soal-soal PTS Semester 1
Tahun Pelajaran 2022/2023
SMA Plus Tauhidul Afkar
Mata Pelajaran : Mulok BASA SUNDA

BASA SUNDA KELAS 10
📂X | 10
💦💦💦💦💦💦💦💦💦💦💦💦💦💦💦💦💦
BASA SUNDA KELAS 11

BASA SUNDA KELAS 12

2023 Juni | Rencana PAS S2 _ Sunda 11

Kelas XI BAB 1. RUMPAKA KAWIH, ↪↪↪ BAB 2. SAJAK, ↪↪↪ BAB 3. PAKEMAN BASA, ↪↪↪ BAB 4. NOVEL, ↪↪↪ BAB 5. BABASAN, ↪↪↪ BAB 6. WARTA, ↪↪↪ ...