11.7 | WAWANCARA

BAHASA SUNDA KELAS 11
BAB 7 | WAWANCARA

WANGENAN WAWANCARA
Wawancara nyaeta hiji wangunan komunikasi lisan dua arah dina wangun tanya jawab, pikeun meunangkeun informasi ngeunaan tujuan nu geus ditangtukeun saméméhna.

Léngkah-léngkah wawancara:
(1) nataharkeun strategi-strategi: pedoman wawancara/pertanyaan
a. Persiapan teknis. (alat perekam, alat komunikasi, alat tulis jsb.)
b. Persiapan non teknis:
– pangaweruh ngeunaan topik wawancara
– profil umum (karakter) nara sumber
– kaparigelan ngawawancara
– etika wawancara
– perjanjian sareng nara sumber.
– pertarosan sacara runtut ( tina hal nu umum kanu khusus atawa sabalikna).
(2) ngalaksanakeun wawancara : sasadu,nanya idéntitas,pertanyaan inti,ngahatutkeun nuhun jeung pamit
(3) ngukur hasil/déskripsi hasil. : berita/deskripsi
Tujuan waancara:
(1) Seleksi pagawé
(2) Panalungtikan/data
(3) Berita
(4) Jsb

Rupa-rupa wawancara:
(1) Wawancara berita, pamadegan/konfirmasi ti anu aya kaitanana
(2) Wawancara pribadi, datang langsung ka narasumber dilakukeun sacara rinéh
(3) Wawancara ka jalma loba, pikeun meunabkeun umum ngeunaan hiji hal
(4) Wawancara dadakan

PEDOMAN WAWANCARA
Wawancara ka Pasar Singaparna
Informasi Rincian informasi 
Identitas narasumber – Ngaran- Umur
– Alamat
– Kulawarga
– Pagawéan – Kasangtukang pagawéan
Ti iraha
Kumaha kasangtukangna
Naha milih ieu pagawéan

– Prosés dagang
Kauntungan
Masalah/hambatan
Konsumen
Pamadegan narasumber – Pindahna kabupaten- Pangaruhna
– Relokasi pasar
– Perbandingan antara pasar tradisional jeung pasar modern
– Saran ka pamaréntah

Bagian-bagian warta:

Headline: judul warta
Deadline: ngran media,tempat kajadina, tanggal
Lead: bubuka warta/inti warta
Body: eusi warta
Unsur-Unsur Berita
(1) What – apa yang terjadi di dalam suatu peristiwa?
(2) Who – siapa yang terlibat di dalamnya?
(3) Where – di mana terjadinya peristiwa itu?
(4) When – kapan terjadinya?
(5) Why – mengapa peristiwa itu terjadi?
(6) How – bagaimana terjadinya?
(7) What next – terus bagaimana?

Wawancara-warta-langsung-teu langsung
Kalimah teu langsung dicirian ku kecap-kecap yén, cenah,…

Conto naskah warta

INOVASI DINA GOLEK

(Bandung, 17/12/2010) Wayang golék kiwari geus loba robahna, loba inovasi nu geus dilakukeun. Nu ngalakukeun inovasi dina wayang diantarana nya éta dalang Asep Sunandar Sunarya. Inovasi dina wayang téh aya nu panuju aya nu nolak.

Nurutkeun Asep Sunandar Sunarya, pikeun néangan bahan carita bisa tina sababraha jalan. Bisa tina Koran, berita, bisa ogé tina kaayaan sapopoé. Wayang téh mangrupa alat pikeun nepikeun sagala hal ka masarakat, ku sabab kitu dalang sakuduna terus ngalakukeun inovasi. Inovasi dina wayang ogé dilakukeun sangkan masarakat teu ditaringalkeun.

Inovasi dina wayang ieu loba ogé anu nolak. Sabab bisa ngabalukarkeun wayang leungiteun idéntitas ogé ngarempak tetekon. Asep kurang panuju kana anggapan ieu, manéhna nganggap yén inovasi dina golék téh lai pikeun ngarempak tetekon tapi sangkan wayang terus dipikaresep ku masarakat. Asep ogé nganggap yén ari ngaranna budaya mah dinamis salawasna robah, jadi wayang robah ogé teu kunanaon..

Simak salajeungna di Brainly.co.id - https://brainly.co.id/tugas/14686733#readmore

11.6 | WARTA

Bahasa Sunda kelas 11
Bab 6 | WARTA
Pengertian Berita/Warta dina Bahasa Sunda

Pedaran Warta 

Warta
Warta nyaeta inpormasi anyar atawa inpormasi ngeunaan hiji kajadian, boh dipindangkeun ngaliwatan media citak, boh dina media elektronik, boh tatalepa sacara lisan. Ngalaporkeun hiji warta teh mangrupakeun tugas profesi wartawan.
Lamun hidep rek nyieun warta, kudu nyoko kana rumus nu geus baku, nya eta 5W+1H, ngawengku :
  1. What (naon), kajadian naon nu rek diberitakeun
  2. Where (di mana), di mana tempat kajadianana eta peristiwa
  3. When (iraha), iraha waktu kajadianana
  4. Who (saha), saha wae anu jadi sumber bertitana
  5. Why (naha), naha eta kajadian the kudu diberitakeun
  6. How (kumaha), kumaha lumangsungna peristiwa
Pedaran Ngeunaan Maca Warta
Upama urang hayang bisa nepikeun warta kalawan alus, aya sawatara hal nu kudu dipehatikeun, di antarana ditataan di handap. 
  1. Saacan maca warta, urang kudu paham heula kana eusina kalawan bener
  2. Ilo kalawan gemet warta nu rek ditepikeun
  3. Perhatikeun kecap-kecap nu nurutkeun urang kaasup hese dipikaharti tur kumaha cara ngucapkeunana nu bener
  4. Dina prakna nepikeun warta, perhatikeun sora urang, sakumaha tarikna sangkan bisa kadenge jelas ku kaom dangu
  5. Artikulasi nu jentre
  6. Lentong nu merenah
  7. Bisa ngabedakeun iraha waktuna alon jeung iraha waktuna gancang
  8. Sikep
  9. Paningal, ulah tonggoy teuing kana naskah warta nu keur dibaca, sakali-kali urang kudu ngabagi paningal ka pamiarsa
Dulur nu akur, nyatur nu memang materi tina blogna ki dulur. Tah ieu......
https://diyanhidayat.blogspot.com/2015/04/pengertian-beritawarta-dalam-bahasa.html

11.5 | BABASAN

11.5 | BABASAN

A. Wangenan Babasan

Babasan nyaeta kecap nu mangrupa siloka, atawa kiasan nu harti lolobana ngagambarkeun sifat atawa kabiasaan hiji jelema.

Diantara para ahli basa sunda aya nu nyieun wangenan yen babasan teh nyaéta sawatara susunan kecap nu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi biasana geus kamaphum ku saréréa,[1] atawa ucapan maneuh anu dipaké dina harti injeuman.[2] Babasan ogé sarua hartina jeung wiwilangan atawa bibilangan, nyaéta ucapan-ucapan nu hartina henteu gembleng, teu jelas ogé miboga konotasi nu tangtu, susunan basana ringkes, saeutik patri, jeung ulah dihartikeun sabenerna.

B. Paribasa

Dina basa Sunda salian babasan aya paribasa. Paribasa mah nyaéta kecap mangrupa papatah, pangrojong, atawa kecap nu bisa dijadikeun pieunteungeun hirup. Nya basa kerénna mah kecap nu bisa ngamotivasi.

Paribasa biasana rada panjang. Leuwih ti dua kecap. Sedengkeun babasan mah pondok, biasana ngan dua kecap.

Paribasa hartina sarua jeung ibarat, upama, biasana, baku, dadaku jeung saterusana.[1] Upama dina ungkara :

  • Ceuk paribasa, najan dahar karo uyah ogé ari ngariung jeung anak rabi mah ngeunah baé
  • Paribasa manéh mah ari geus ménta duit téh
  • Paribasa nganyam samak neukteukan bari motongan, paribasa néang anak ngadeukeutan popotongan.[3]

C. Papasingan Paribasa

Paribasa dibagi jadi tilu, nyaéta:

  1. pangjurung laku hadé, 
  2. panyaram lampah salah, jeung
  3. wawaran luang.
Salmun nétélakeun yén papasingan paribasa disawang tina rupa-rupa hal, saperti ditilik tina gelarna, ditilik tina basa kabujanggaan, tarjamah tina basa asing (basa Jawa, basa Indonésia, basa Arab, basa Inggris), disawang tina sumber babandingan (ngabandingkeun kana ngaran awak sakujur, ngaran sasatoan, ngaran tutuwuhan, ngaran kaayaan alam, ngaran barang, jeung ngaran laku lampah, saperti paribasa patali jeung tani, patalina jeung ingon-ingon, perikanan, dagang, seni, ninun, sistem kamasarakatan, basa, élmu pangaweruh, jeung kapercayaan).

Jadi boh babasan boh paribasa sarua pakeman basa nu umumna dipaké ku saréréa pikeun nyinggetkeun carita anu panjang maksudna, disusun mangrupa kalimah anu geus matok sarta ngandung pituah atawa piluangeun, susunannana ditetepkeun ku karuhun Sunda, teu meunang dirobah, dikurangan, dileuwihan atawa dilemeskeun, sabab lamun dirobah tangtuna hartina ogé jadi robah. Bédana babasan jeung paribasa téh nyaéta babasan mah ngawangun hiji kecap (kantétan), ari paribasa mah mangrupa kalimah.

D. Conto babasan

Babasan lolobana ngagambarkeun pasipatan jalma

  • Amis Budi = Hadé budi, teu weléh seuri ka batur, (Baik budi atau selalu berperilaku baik, murah senyum).
  • Amis Daging = Babari kakeunaan ku panyakit kulit, contona borok . (Mudah terkena penyakit kulit seperti terkena borok atau bisul.
  • Atah Anjang = Langka nganjang ka batur atawa ka tempat-tempat lianna.(Jarang main kerumah orang atau ketempat-tempat lainnya, jarang berwisata, sukanya diem aja dirumah).
  • Ayeum Tengtrem = Senang ati, teu boga kasieun atawa kahariwang. (Perasaan yang tenang, tidak ada rasa khawatir sama sekali, damai).
  • Babalik Pikir = Sadar tina kasalahan, (menyadari kesalahan).
  • Béak Déngkak = Geus rarupa ikhtiar tapi teu hasil. (Sudah berusaha semaksimal mungkin tapi masih belum berhasil, sabar ya).
  • Béngkok Tikoro = Teu kabagéan dahareun lantaran telat datang, (Gak kebagian makanan karena datangnya telat, kasian sekali).
  • Beurat Birit = Kedul, hésé dititah, (Pemalas, kalau disuruh gak mau, pokoknya nyebelin).
  • Bodo Aléwoh = Bodo tapi daék na tanya, (Bodoh, banyak gak tahu tapi dia gak segan bertanya).
  • BuntutKasiran = Pedit, koret, hésé mere ka batur, (pelit banget lah nih orang, gak mau ngasih sedikitpun).
  • Cueut Ka Hareup = Jelema nu geus kolot, (manusia yang sudah tua).
  • Dogdog Pangréwong = Saukur omong tambahan. (Ngagosip, suka nambah-nambahin cerita, tukang gosip).
  • Elmu Ajug = Mapatahan batur bari sorangan teu bener, (Suka ngasih tahu orang lain, memberikan saran, suka bilangin orang lain tapi dirinya aka gak bener).
  • Epés Méér = Babari ceurik, babari peunggas harepan, (mudah nangis, di marahin dikit nangis, digertak dikit takut).
  • Gantung Déngé = teu anggeus anu didéngékeun, (gak selesai apa yang didengarkan, jadi baru setengahnya aja).
  • Gantung Teureuyeun = henteu cacap barang dahar, lantaran dahareunna kurang. (kurang kenyang kali, kagok karena makanannya sedikit)
  • Gedé Hulu = Sombong, Adigung. (Sombong banget dah)
  • Getas Harupateun = Babari nuduh atawa ngahukum. (mudah menuduh dan menghukum orang lain)
  • Gurat Batu = Mawa karep sorangan.(gak mau diarahkan, gak mau diurus, gimana maunya sendiri saja)
  • Hampang Birit = Babari dititah, henteu kedul.(gampang disuruh, baik banget lah)
  • Hampang leungeun = Babari neunggeul.(gampang mukul orang lain, jahat ya)
  • Handap Lanyap = Omong na hade padahal maksud na ngahina.(bicaranya sih halus, bagus, tapi sebenarnya menghina)
  • Harewos Bojong = Ngaharewos tapi kadenge ku batur.(Bisik bisik tapi kedengeran sama orang lain, sengaja ya nyindir)
  • Haripeut ku teuteureunyeun = Babari kapincut ku pangabita.(mudah tergoda dengan yang menggoda goda).
  • Hawara Biwir = Bebeja ka batur samemeh dipigawe.(Sukanya ngasih tahu orang lain sebelum dikerjakan, apa saja)
  • Hejo Tihang = resep pipindahan.(suka banget pindah pindah ya, nomaden).
  • Heuras Genggerong = omong na kasar.(Gaya bicara kasar)
  • Heureut Pakeun = Saeutik Pangaboga.(Sedikit yang dia miliki, kismin kali ya).
  • Indit Sirib = Indit sakulawarga.(pergi semua keluarga)
  • Kawas Gaang Katincak = jempe, teu ngomong.(Diem aja gak ngomong sama sekali)
  • Kawas beueuk beunang mabuk = jempe/ ngeheruk teu ngomong. (Sama diem aja gak ngomong)
  • Kawas Anjing tutung buntut = Teu daek cicing.(Tidak suka diem, pengennya gerak aja)
  • Kembang Buruan = Budak keur meujeuhna resep ulin di buruan.(anak yang lagi seneng main dihalaman rumah)
  • Kokolot Begog = Niron-niron omongan atawa kalakuan kolot.(Meniru apa yang dikatakan orang tua termasuk kelakukan, sok udah tua kali ya)
  • Kurung Batok = Tara liar ti imah, tepi ka teu nyaho nanaon.(Jarang keluar rumah sampe gak tau apa-apa, manusia purba kali ya)
  • Laer Gado = Resep barang penta.(Sukanya minta aja nih orang)
  • Lesang Kuras = Geus teu boga nanaon.(Udah gak punya apa-apa, trus apa dong?)
  • Leuleus Awak = Resep barang gawe.(Suka mengerjakan apapun, yang penting baik dan halal)
  • Leumpeuh Yuni = Teu kuat nenjo nu pikasieuneun/ pikareuwaseun.(Gak kuat lihat yang lucu-lucu, pengennya ketawa terus dikit-dikit ketawa).
  • Leutik Burih = Kurang kawani, sieunan, borangan. (Gak punya nyali, penakut, cemen lah)
  • Lungguh Tutut = Katenjona lungguh/ cicingeun padahal saenyana henteu.(Kelihatannya sih pendiem, baik, padahal aslinya enggak)
  • Miyuni Kembang = Loba nu mikaresep.(Banyak yang suka, kayak akuh)
  • Murag Bulu Bitis = Resep indit-inditan.(Suka keluar, suka jalan-jalan)
  • Ngabuntut Bangkong = Teu puguh tungtungna, teu tep ka rengse.(Tidak ada ujungnya)
  • Ngegel Curuk = Teu menang hasil.(tidak mendapatkan hasil)
  • Ngeplek Jawer = Teu boga kawani, sieunan, elehan.(Penakut, tidak punya nyali, cemen)
  • Ngijing Sila = Henteu satia.(tidak setia)
  • Nyoo Gado = Ngunghak, ngalunjak.(Ngelunjak nih orang)
  • Panjang Lengkah = Loba pangalaman.(Banyak pengalamannya)
  • Pindah Pileumpangan = Robah kalakuan.(berubah sifat dan kelakukan)
  • Saur Manuk = Ngomong rampak/ bareng.(bicara bersama)
  • Tuturut Munding = Nurutan batur bari teu nyaho maksudna.(Niru-niru atau ngikut-ngikut orang tapi gak tau maksudnya apa)
  • Era Parada = Era ku kalakuan batur.(Malu sama kelakukan orang lain, orang lain yang berbuat kamu jadi kebawa malunya)
  • Geulis Gunung = Katingali ti jauh alus tapi beh dekeut goreng.(Kelihatan dari jauh cakep tapi pas deket eh jelek)

E. Conto paribasa

  • Anu burung diangklungan, anu gélo didogdogan, anu édan dikendangan (anu gedébul dihaminan, ngarah tambah maceuh)
  • Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna (Allah moal mihak ka jalma nu boga dosa)
  • Ari diarah supana, kudu dijaga catangna (ari aya barang anu diala hasilna kudu daék ngurusna)
  • Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed (najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora)
  • Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar (jaman geus robah, jalma ogé loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna)
  • Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket (taki-taki ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakéwuh)
  • Cécéndét mandé kiara, cileuncang (cileungcang) mandé sagara (nu miskin hayang nyaruaan nu beunghar).

======
Daftar pustaka jeung Referensi:

10.7 | PUPUH

Basa Sunda Kelas 10

Bab 7 | PUPUH 

A. Wangenan Pupuh
Pupuh téh nyaéta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna.

Nalika can pati wanoh kana wangun puisi / sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun.

Naon ari pupuh teh? Pupuh téh mangrupa ugeran (puisi) nu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu.

B. Unsur Pupuh
Dina pupuh aya anu disebut Guru Wilangan jeung Guru Lagu.

  1. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan (aturan jumlah baris dina satiap baris sarta jumlah suku kata/vokal dina satiap barisna).
  2. Guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung (aturan sora vokal dina satiap akhir/tungtung barisna). Pupuh Sunda kabéhna aya tujuh belas.
C. Ugeran Pupuh
Rakitan/ugeran pupuh téh biasa dipaké dina karangan-karangan pondok (dangding, guguritan, jeung rumpaka sawér). Lian ti éta, aya ogé nu makée rakitan pupuh dina karangan panjang atawa naratif (wawacan). Maca wacana puisi dina wangun pupuh téh biasana dihariringkeun atawa ditembangkeun.

D. Papasingan Pupuh
Sakumaha tos disebat yen Pupuh sunda teh aya 17.  Ari anu 17 ieu kabagi dua, nyaeta: 
  1. Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (mindeng disingget jadi KSAD).
  2. Aya nu kaasup sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong.

    Unggal Pupuh miboga ugeran guru wilangan jeung guru lagu sarta watek séwang-séwangan sakumaha anu dijéntrékeun di handap ieu.

1. Sekar Ageung aya 4 (opat) pupuh, nyaeta:
1.1. Kinanti
Watek Pupuh Kinanti: Ngagambarkeun perasaan sayang (kanyaah), sono (nungguan), jeung watir (deudeupeun).

Jumlah padalisan: 6 baris (padalisan) dina hiji pada (bait).
Pola guru wilangan beserta guru lagu: 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i

Unikna, dina pupuh kinanti ieu, satiap padalisan (baris) ukur aya 8 guru lagu atawa suku kata wungkul.

Conto Pupuh Kinanti:
Kembang ros ku matak lucu (8-u)
Nya alus rupa nya seungit (8-i)
Henteu aya papadana (8-a)
Ratuning kembang sajati (8-i)
Papaes di patamanan (8-a)
Seungit manis ngadalingding (8–i)

 

Budak leutik bisa ngapung (8-u)
Babaku ngapungna peuting (8-i)
Ngalayang kakalayangan (8-a)
Neangan nu amis-amis (8-i)
Sarupaning bungbuahan (8-a)
Naon bae nu kapanggih (8–i)

1.2. Sinom
Watek Pupuh Sinom: Ngagambarkeun perasaan kabungahan atawa kagumbiraan (gumbira), kadeudeuh, jeung sumanget.

Jumlah padalisan: 9 padalisan dina satiap pada (bait)
Pola guru wilangan dan guru lagu: 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a.

Conto 1. Pupuh Sinom:

Di wetan fajar balebat (8-a)
Panon poe arek bijil (8-i)
Sinarna ruhay burahay (8-a)

Kingkilaban beureum kuning (8-i)
Campur wungu saeutik (7-i)
Kaselapan semu biru (8-u)

Tanda Batara Surya (7-a)
Bade lumungsur ka bumi (8-i)
Murub mubyar langit sarwa hurung herang (12-a)

Conto 2 

Harta pada nareangan (8-a)
Harti pada nyararungsi (8-i)
Sabab duanana guna (8-a)

Harti bisa mere bukti (8-i)
Harta pon nyakitu deui (8-i)
Bisa ngabul nu dimaksud (8-u)

Neudunan Sakahayang (7-a)
Tapi harta gampang leungit (8-i)
Mungguh harti mangpaat dunya akherat (12-a)

1.3. Asmarandana

Watek Pupuh Asmarandana: Perasaan sayang (nyaah), cinta (deudeuh asih), jeung asmara (kabirahian) nu ditunjukeun ka bebene, pasangan, kulawarga, atawa sobat.

Jumlah padalisan: 7 padalisan (baris) dina satiap pada (bait).

Guru wilangan jeung guru lagu: 8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a.
Guru lagu pupuh Asmarandana, padalisan anu ka-3 bisa mengrupa huruf vokal “é” atawa huruf vokal “o”.

Conto 1. Pupuh Asmarandana:
Mun ujang nyiar pangarti (8-i)
Terus sakola ka kota (8–a)
Sing jadi murid rancage (8–e)
Bener pinter bari sehat (8–a)
Mikaheman sasama (7–a) 
Asih kanu jadi guru (8–u) 
Gaganti ema jeung bapa (8–a)

Contoh 2 

Eling eling mangka eling (8-i)
rumingkang di bumi alam (8–a)
darma wawayangan bae (8–e)
raga taya pangawasa (8–a)
lamun kasasar lampah (7–a) 
nafsu nu matak kaduhung (8–u) 
badan anu katempuhan (8–a)

1.4. Dangdanggula
Watek Pupuh Dangdanggula: Pupuh Sunda Dangdanggula boga watek kaendahan (kawaasan), kesenangan (kagumbiraan), ketentraman (katingtriman), atau kaagungan.

Jumlah padalisan: 10 padalisan (baris) dina hiji pada (bait).
Pola guru wilangan dan guru lagu: 10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a.

Pupuh Dangdanggula ngabogaan pola anu lebih panjang tinimbang pupuh Sinom sabab kawangun tina 10 padalisan (baris).

Conto 1. Pupuh Dangdanggula:
Laut Kidul kabeh katingali (10-i)
Ngembat paul kawas dina gambar (10-a)
Ari ret ka tebeh kaler (8-e)
Batawi ngarunggunuk (7-u)
Lautna mah teu katingali (9-i)
Ukur lebah lebahna (7-a)
Semu semu biru (6-u)
Ari ret ka tebeh wetan (8-a)
Gunung gede jiga nu ngajakan balik (12-i)
Meh bae kapiuhan (7-a)

conto 2.
Méga beureum surupna geus burit [10-i]
Ngalanglayung panas pipikiran [10-a]
Cikur jangkung jahé konéng [8-é]
Naha teu palay tepung [7-u]
Simabdi mah ngabeunying leutik [9-i]
Ari ras cimataan [7-a]
Gedong tengah laut [6-u]
Ulah kapalang nya béla [8-a]
Paripaos gunting pameulahan gambir [12-i]
Kacipta salamina [7-a].

2. Sekar Alit aya 13 (tilu belas) pupuh, nyaeta:

2.1. Balakbak

Watek Pupuh Balakbak: Guyonan, komedi (banyol), atau candaan (heureuy) tentang kehidupan sehari-hari.

Jumlah padalisan: Pupuh ieu ngan saukur boga 3 padalisan (baris) dina hiji pada (bait).
Pola guru wilangan jeung guru lagu: 15-é, 15-é, 15-é
atawa bisa ditulis 12+3e, 12+3e, 12+3e.

Conto 1 Pupuh Balakbak:
Aya warung sisi jalan rame pisan – Citameng (15-e)
Awewena luas luis geulis pisan – ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet – nyanggereng (19-e).

2.2. Durma
Watek Pupuh Durma: ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.
 
Pola guru wilangan jeung guru lagu: 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i.
Pupuh durma ngabogaan 7 padalisan.

Conto Pupuh Durma:
Moal ngejat sanajan ukur satapak (12-a)
Geus dipasti ku jangji (7-i)
Mun tacan laksana (6-a)
Numpes musuh sarakah (7-a)
Heunteu niat seja balik (8-i)
Najan palastra (5-a)
Mati di medan jurit (7-i)

2.3. Gambuh,
Watak Pupuh Gambuh: Perasaan hiji jalma anu keur sedih (kasedih), nyeri hate (kanyeri), atawa nandangan tunggara (kasusah).

Guru wilangan jeung guru lagu: Pola 7-u, 10-u, 12-i, 8-u, 8-o.
Pupuh Gambuh kawangun tina 5 padalisan.

Conto Pupuh Gambuh:
Ngahuleng banget bingung (7-u)
Heunteu terang kamana nya indit (10-u)
Turug-turug harita teh, enggeus burit (12-i)
Panonpoe geus rek surup (8-u)
Keueung sieun, aya meong (8-o)

2.4. Gurisa,
Watek Pupuh Gurisa: Ngagambarkeun hiji jalma nu keur ngahayal hiji perkara nu kosong molongpong teu aya harti (malaweung) atawa ngalamun.

Pola guru wilangan jeung guru lagu: 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a.
Pupuh gurisa ieu ngabogaan 6 atawa 8 padalisan dina hiji bait (pada).

Conto Pupuh Gurisa:
Hayang Teuing Geura Beurang
Hayang teuing geura beurang (8-a)
Geus beurang rek ka Sumedang (8-a)
Nagih ka nu boga hutang (8-a)
Mun meunang rek meuli soang (8-a)
Tapi najan henteu meunang (8-a)
Mo rek buru-buru mulang (8-a)
Rek terus guguru nembang (8-a)
Jeung diajar nabeuh gambang (8-a)

2.5. Jurudemung,
Watek Pupuh Juru Demung: Ngajelaskan rasa kabingung atawa kasulitan hiji hal nu kudu dilakukeun (pilakueun).

Pola guru wilangan jeung guru lagu: 8-a, 8-u, 8-u, 6-i, 4-i, 6-i, 8-a, 8-u.
Pupuh juru demung ieu ngabogaan 8 padalisan.

Conto Pupuh Jurudemung:
Mungguh nu hirup di dunya (8-a)
Ku kersaning anu agung (8-u)
Ku kersaning anu agung (8-u)
Geus pinasti panggih (6-i)
Geus pinasti (4-i)
Geus pinasti panggih (6-i)
Jeung dua rupa perkara (8-a)
Senang paselang jeung bingung (8-u)

2.6. Lambang,
Watek Pupuh lambang: Lelucon atawa lawakan (banyol), namung lelucon atawa lawakan eta bisa dijadikan bahan renungan.

Pola guru wilangan jeung guru lagu: 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a.

Conto Pupuh Lambang:

Nawu kubang sisi tegal (8-a)
Nyiar bogo meunang kadal (8-a)
Nawu kubang sisi tegal (8-a)
Nyiar bogo meunang kadal (8-a)
Atuh teu payu dijual (8-a)
Rek didahar da teu halal (8-a)

2.7. Ladrang,
Watek Pupuh Ladrang: Lelucon atau lawakan (banyol) dengan maksud untuk menyindir (nyindiran).
Pola guru wilangan dan guru lagu: 10-i, 4-a (2x), 8-i, 12-a.

Conto Pupuh Ladrang:
Aya hiji rupa sato leutik (10-i)
Engkang-engkang, engkang-engkang (4-a) 2x
Sok luluncatan di cai (8-i)
Ari bangun arek sarupa jeung lancah (12-i). 

2.8. Magatru,
Watek Pupuh Magatru: Ngagambarkan perasaan sedih, kuciwa, atawa penyeselan (handeueul) ka diri sorangan, bisa oge watek nganasehatan.
Pola guru wilangan dan guru lagu: 12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o

Conto Pupuh Magatru:
Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung (12-u)
Kopo reujeung Cisondari (8-i)
Cicalengka, Ujung Berung (8-u)
Rajamandala, Cimahi (8-i)
Leles, Limbangan, Tarogong (8-o)

2.9. Maskumambang,
Watek Pupuh Maskumambang: Rasa prihatin, kasedih (kanalangsaan), atawa nyeri hate.Pola guru wilangan dan guru lagu: 12-i, 6-a, 8-i, 8-a.

Conto Pupuh Maskumambang:
Itu kusir bangun ambek-ambek teuing
Turun tina delman
Kuda dipecutan tarik
Teu aya pisan ras-rasan

Teu ngarasa bong kena ka sato laip
Padahal mogokna
Lantaran geus cape teuing
Hayang ngaso eureun heula

Coba lamun aya nu nenggel ka kusir
Geus tangtu karasa
Nyeri moal salah deui
Sato ge kitu sarua

2.10. Mijil,
Watek Pupuh Mijil: Ngagambarkeunn watek kasedih, namung jeung perasaan pinuh harepan.

Pola guru wilangan dan guru lagu: 10-i, 6-o, 10-é, 10-i, 6-i, 6-u.

Conto Pupuh Mijil:
Mesat ngapung putra Sang Arimbi (10- i)
Jeung mega geus awor (6-o)
Beuki lila beuki luhur bae (10-e)
Larak-lirik ninggali ka bumi (10-i)
Milari sang rai (6-i)
Pangeran Bimanyu (6-u)

2.11. Pangkur,
Watek Pupuh Pangkur: Ngagambarkan perasaan kesel atawa ambek nu kapengkek dina hate nu jadi lantaran ayana tugas atawa beban nu kacida beratna.

Pola guru wilangan dan guru lagu: 8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-i.
Conto Pupuh Pangkur:
bapa doblang pada terang
kumis baplang nuruban biwir nu jeding
pipi kemong irung mancung
panon buringas hérang
goréng omong gawang geuweung harung gampung
pantrang mayar kana hutang
licik sarta sok curaling

2.12. Pucung,
Watek Pupuh Pucung: Menggambarkan perasaan marah (ambek) atau kesal (keuheul) kepada diri sendiri karena tidak sejalan dengan batin.

Pola guru wilangan dan guru lagu: 12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a.

Conto Pupuh Pucung:
Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora
Bisi engké henteu naék
Batur seuri urang sumegruk nalangsa

2.13. Wirangrong.
Watek Pupuh Wirangrong: Menggambarkan rasa malu (kawiwirangan) terhadap diri sendiri.
Pola guru wilangan dan guru lagu: 8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a.

Conto Pupuh Wirangrong
Barudak mangka ngalarti (8-i)
Ulah rek kadalon-dalon (8-o)
Enggon-enggon nungtut elmu (8-u)
Mangka getol mangka tigin (8-i)
Pibekeleun sarerea (8-a)
Modal bakti ka nagara (8-a)

Sumangga tiasa ngalink kadieu, upami hoyong conto pupuh-pupuh anu sanesna.
============
Daftar pustaka:

10.8 | SISINDIRAN

BAHASA SUNDA KELAS 10
BAB 8
SISINDIRAN
 
MIKAWANOH SISINDIRAN
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. 

Sisindiran teh mangrupa karya sastra wangun ugeran, lantaran kauger ku purwakanti jeung guru wilangan, sarta umumna dina sapalisan teh diwangun ku dalapan engang. Upama dipatalikeun jeung katerangan kamus di luhur, wangenan sisindiran teh bisa disebutkeun: karya sastra wangun ugeran (puisi) anu eusina dibalibirkeun heula, diwangun ku cangkang jeung eusi sarta leubeut ku purwakanti.

Ari nu disebut purwakanti nyaeta padeukeutna sada atawa sora kecap-kecap dina ungkara kalimah, klausa atawa prasa, utamana dina wangun ugeran (puisi); perenahna boh ngarendeng, ngajajar, horizontal (dina sakalimah, sajajar, sapadalisan) boh ngaruntuy, pertikal (antar jajaran, antar padalisan).

Dina rarakitan jeung paparikan, anu murwakanti teh cangkang jeung eusina. Padalisan kahiji cangkang murwakanti jeung padalisan kahiji eusi; padalisan kadua cangkang murwakanti jeung padalisan kadua eusi. Ari dina wawangsalan anu murwakanti the maksudna (hartina) jeung salasahiji kecap anu aya dina eusina. Ari cangkangna mangrupa wincikan hiji barang atawa hal anu kudu diteangan maksudna tea.

Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: 
  1. (1) rarakitan; 
  2. (2) paparikan, jeung 
  3. (3) wawangsalan. 

Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta:
  1. (1) silihasih;
  2. (2) piwuruk;
  3. jeung (3) sésébréd.

RARAKITAN
Rarakitan teh mangrupa sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi dina sapadana. Disebut rarakitan pedah kecap awal dina padalisan-padalisan cangkang dipake deui dina padalisan eusi, nepi ka siga masang, ngarakit. Sipat kitu dipapandekeun jeung sipat rakit anu papak dina puhuna.
Purwakanti anu aya dina rarakitan, sarta mangrupa ciri anu ngabedakeun jeung paparikan, nyaeta purwakanti mindoan kawit, anu timbul lantaran aya kecap-akecap anu dipindo (dibalikeun) dina awal padalisan. Kulantaran purwakanti mindoan kawit teh antara cangkang jeung eusi, umumna dina rarakitan mah kaselang heula ku padalisan sejen, nepi siga nu pacorok
Contona:
Jauh-jauh manggul awi,
nyiar-nyiar pimerangeun.
Jauh-jauh neang abdi,
nyiar-nyiar pimelangeun

Cangkang:
Jauh-jauh manggul awi
nyiar-nyiar pimerangeun

Eusi:
Jauh-jauh neang abdi,
nyiar-nyiar pimelangeun

Rarakitan di luhur teh sapadana diwangun ku opat padalisan. Padalisan kahiji jeung kadua cangkangna; padalisan katilu jeung kaopat eusina. 

Kecap anu aya dina awal padalisan cangkangna sarua (murwakanti) jeung kecap anu aya dina awal padalisan kahiji eusi nyaeta jauh-jauh. Kitu deui kecap anu aya dina awal padalisan kadua cangkang sarua jeung kecap anu aya dina awal padalisan kadua eusi nyaeta nyiar-nyiar.
Salian ti eta, purwakanti the aya dina tungtung padalisan deuih. Ieu oge murwakanti antara cangkang jeung eusi. Kecap awi murwakanti jeung abdi, pimerangeun murwakanti jeung pimelangeun.
Upama nilik kana eusina, rarakitan teh bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan nyaeta silihasih, piwuruk jeung lulucon.

Rarakitan silihasih nyaeta rarakitan anu eusina patali jeung silihasih, cinta atawa birahi.
Contona:
Mun teu tulus ka paseukna,
ka pancirna oge hade.
Mun teu tulus ka lanceukna,
ka adina oge hade.

Batur mah dibaju hideung,
kuring mah kabaya bae.
Batur mah dipikatineung,
kuring mah sangsara bae.

Rarakitan piwuruk nyaeta rarakitan anu eusina piwuruk, pituah, atawa nasehat.
Contona:
Peupeujeuh ari ka Bandung,
ulah meuli hayam kate.
Peupeujeuh ari ka indung,
ulah nganyerikeun hate.

Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan elmu,
nu guna dunya aherat.

Rarakitan sesebred nyaeta rarakitan anu eusina salian ti silihasih jeung piwuruk, kayaning lulucon, banyol, tambuh laku, kritik social, pamitan jeung salian ti eta.
Contona:
Majar maneh cengkeh koneng,
kulit peuteuy dina nyiru.
Majar maneh lengkeh koneng,
kulit beuteung mani nambru.

Sok hayang nyaba ka Bandung,
sok hayang nyaho nanjakna.
Sok hayang nanya nu pundung,
sok hayang nyaho nyentakna.

Unggal padalisan dina rarakitan umumna diwangun ku dalapan engang, sanajan henteu mutlak kitu. Kitu deui jumlah padalisan dina sapadana, rereana mah anu opat padalisan, sanajan aya nu leuwih ti opat padalisan oge. Tangtu bae jumlahna kudu jangkep saperti genep padalisan, dalapan padalisan jeung sajabana ti eta.

PAPARIKAN
Paparikan the asalna tina kecap parik atawa parek anu ngandung harti deukeut. Ari anu dimaksud paparikan di dieu nyaeta sisindiran anu ngan padeukeut sorana antara cangkang jeung eusina. Jadi henteu papak (sarua) kecap dina puhuna.
Contona:
Boboko ragrag ti imah,
ninggang kana pileuiteun.
Nya bogoh ulah ka semah,
lamun anggang sok leungiteun

Padalisan kahiji cangkang padeukeut sorana jeung padalisan kahiji eusi. Di dinya aya sawatara kekecapan anu padeukeut sorana. Kecap boboko padeukeut sorana jeung kecap nya bogoh, kecap imah padeukeut sorana jeung kecap semah. Kitu deui padalisan kadua cangkang padeukeut sorana jeung padalisan kadua eusi. Kecap ninggang padeukeut sorana jeung kecap anggang, kecap pileuiteun padeukeut sorana jeung kecap leungiteun. Umumna aya purwakanti laraswokas (purwakanti engang tungtung) anu kaselang heula siga pacorok.

Nilik kana eusina, teu beda ti rarakitan bae, paparikan oge bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan nyaeta silihasih, piwuruk, jeung sesebred.
Paparikan silihasih nyaeta paparikan anu eusina silihasih, cinta atawa birahi.
Contona:
Daun pulus dilulunan,
jojodog ti Tarikolot.
Sugan tulus lalaunan,
aya jodo pakokolot.

Baju hideung kancing tangan,
dikaput ku merang awi.
Nu hideung matak teunangan,
sing emut ka diri abdi.

Paparikan piwuruk nyaeta paparikan anu eusina piwuruk, pituah, atawa nasehat.
Contona:
Lauk emas ngakan ganggeng,
disamberan ku japati.
Boga emas moal langgeng,
Teu cara boga pangarti.

Meuli kurupuk sadacin
diwadahan kana kalo
Nu dipupuk ku prihatin
eta diasih ku Alloh

Paparikan sesebred nyaeta paparikan anu eusina salian ti silihasih jeung piwuruk saperti lulucon, banyol, tambuh laku, sanduk-sanduk jeung sajabana ti eta.
Contona:
Jeruk purut Cikaruncang,
jambu aer Wanayasa.
Camerut haying kabujang,
susu laer teu dirasa.

Piring katuruban sendok,
ngawadahan rujak huni.
Kuring ge baheula denok,
Ayeuna mah nini-nini

Umumna paparikan oge dina sapadana the diwangun ku dalapan engang, sanajan henteu mutlak kitu. Sabab aya sawatara paparikan anu geus popular tur dina sapadana henteu diwangun ku dalapan engang.
Contona:
Dengkleung dengkleung dengdek,
buah kopi raranggeuyan.
Ingkeun anu dewek,
ulah pati diheureuyan.

Situ Ciburuy laukna hese dipancing,
nyeredet hate ningali herang caina.
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing,
nyeredet hate ningali sorot socana.

Dina conto-conto diluhur, dina sapadana diwangun ku opat padalisan dina sapadana. Saenyana taya katangtuan kudu sabaraha padalisan dina sapadana paparikan teh, anu penting jumlahna jangkep bae. Iwal anu mangrupa dangding, biasana sapada cangkang sapada eusi.

WAWANGSALAN
Wawangsalan teh nyaeta karangan (sastra) anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna the tara ditetelakeun, tapi kudu diteangan tina bagan eusi. Anu dijieun wangsal the sok murwakanti jeung salahsahiji kecap anu aya dina bagian eusi eta.
Tengetan geura contona dihandap ieu:

Teu beunang dihurang sawah,
teu beunang dipikameumeut.

Padalisan kahiji nyaeta sindir,. Ari padalisan kadua bagian eusi. Bagian sindir dina wawangsalan di luhur diwangun ku cangkang Teu beunang dihurang sawah jeung wangsal nyamuni dina eta cangkang nyaeta hurang sawah. Naon anu dijieun wangsalna? Bisa barang atawa hal. Kudu diteangan tina bagian eusi Teu beunang dipikameumeut. Wangsalna hurang sawah, moal salah anu dijieun wangsalna the sato siga hurang anu aya (remen kapanggih) di sawah. Dina bagian eusi aya kecap dipikameumeut. Sato naon anu siga hurang, ayana di sawah, sarta ngaranna murwakanti jeung kecap dipikameumeut? Jawabanana: simeut
Conto sejenna:
Reregan sabudeur imah,
Kasangsara siang wengi.

Naon ari reregan sabudeur imah the? Jawabanana atawa (barang) anu dijieun wangsalna kudu diteangan dina bagian eusi. Di dinya aya kecap kasangsara. Naon ari reregan sabudeur imah anu ngaranna murwakanti jeung kecap kasangsara? Jawabanana: kasang.
Upama nilik kana wangunna, wawangsalan mah dina sapadana diwangun ku dua padalisan. Ari jumlah engang dina unggal padalisan dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan aya patalina jeung silihasih, cinta, atawa birahi.

Titenan geura sawatara conto dihandap ieu:
Belut sisit saba darat,
kapiraray siang wengi.
(oray)

Imah ngambang di sagara,
ulah kapalang nya bela.
(kapal cai)

Manuk tukung saba reuma,
uyuhan daek ka abdi.
(puyuh)

Teu beunang ditiwu leuweung,
teu beunang sipikasono.
(kaso)

 
Ka para murangkalih, tiasa nitenan conto-conto wawangsalan di halaman ieu ...

10.6 | DONGENG

BAHASA SUNDA KELAS 10
BAB 6
DONGENG

A) PENGERTIAN DONGENG
Dongeng nyaeta carita anu pondok, sarta eusina/sabagian eusina ngandung perkawis perkawis nu teu asup uteuk (pamohalan). Dongeng teh kaasup carita klasik tradisional. Iraha mimiti ayana, teu kapaluruh. Na kitu deui saha anu ngarangna teu puguh (anonim). Ari nyebarna tatalepa sacara lisan. Bareto mah ngadongeng atawa mangdongengkeun teh janten talari urang sunda.

B) CIRI CIRI DONGENG
1. ngagunakeun alur nu basajan
2. carita na singket jeung unggut gancang
3. sipat inohong teu diuraikeun sacara rinci
4. di tulis siga pancaritaan sacara lisan
5. aya talatah dina caritana
6. carita nu diangkat teh teu asup uteuk

C) RUPI DONGENG TINA BASA SUNDA
1. Parabel: dongeng anu eusina nyaritakeun kahirupan jalma dawam. 
2. Fabel: Dongeng sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana bae tiasa nyarios jeung ngagunakeun uteuk pikiran.
3. Legenda: Legenda sok disebut oge dongeng sasakala, nya eta dongeng anu nyaritakeun mimiti muasalna kajadian hiji tempat,barang,sasatoan,kabiasaan,atawa tutuwuhan 
4. Sage: Dongeng anu nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah 
5. Mite: Dongeng anu eusina raket patalina jeung keperacayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkawis perkawis anu sipat na gaib.
Sasakala Gunung Kendang
    Jaman baheula kacaritakeun aya hiji jelema nu ngaran Ki Sutaarga. Ngabogaan maksud hajat bari nanggap wayang. Ari lalakonna nu dipikahayangku manéhna supaya dipidangkeun, nyaéta lalakon nu paling dipantang kudalang. Éta lalakon meunang dipidangkeun, tapi teu meunang nepi ka tamatna.Sabah lamun tamat biasana sok aya kajadian nu teu dipikahayang.Tapi Ki Sutaarga keukeuh peteukeuh hayang nyaho éta lalakon nepi ka tamatna.Pokna kajeun mayaran sakumaha, moal burung dibayar asal éta lalakondipidangkeun nepi ka tamatna.Pok Ki Dalang sasauran.“Heug waé dipidangkeun nepi ka tamatna, asal ongkosna waé dibayar tiheula?”Teu loba carita, gocrak baé dibayar sapaménta dalang téa, ku Ki Sutaagra téh.Atuh kasurung ku ongkos nu gedé, ger waé ngawayang anu pohara raména.Sindénna nu katelah Nyai Astrakembang, anu hérang méncrang, ceuk barudak ayeuna mah siga enyoy-enyoyan, ngoléar tembang hégar pisan.Atuh panongton daratang ti suklakna ti siklukna. Éstuning ramé pisan aréak-aréakan, nguping sora sindén anu ngagalideng halimpu pisan. Barang lalakonampir tamat geus deukeut subuh, torojol dua jelema anu maké pakéan saragamupas kabupatén. Éta upas téa nepikeun paréntah Bupati, nu maksudna supayaéta dalang, sindén, para nayaga, katut gamelan sapuratina, dibawa ngadeuheuska kanjeng Bupati. Cenah ditunggu pisan.Atuh dalang téh cuh-cih jeung cakah-cikih paparéntah ka batur baturna kudu bébérés. Sarta manéhna bébéja ka Ki Sutaarga téa yén disaur ku Bupati.Kacaturkeun bring arindit diiringkeun ku upas nu duaan ngajugjug ka tempat panglinggihan Bupati. Jalanna lempeng molongpong, éstuning senang pisanleuleumpangan henteu loba sumarimpang.Caritana nu ngalabring téa géus nepi ka nu dijugjug. Breg ngarimpak rareureuhdihareupeun gedong Kabupatén, harita téh géus rék bray-brayan beurang.Tapi anéh bin ajaib! 11
    Éta dua Upas teu araya, kabupatén ogé suwung, leungit tampa lebih ilang tampakarana. Sakabéh nu hadir musna teu ngaho kamana leosna. Nu aya sesana ngangamelan-gamelan téa. Kasur nu digulungkeun urut diuk sindén, kabéh robahngajadi batu. Tug nepi ka kiwari, nelah gunungna disebut Gunung Kendang.Dina mangsa nu geus kaliwat. Dina malem Salasa atawa Jum’ah kaliwon sok aya raraméan siga nu keur hiburan. Sora sindén gagalindeng angin-anginan.Sora panjak nu senggak. Sora gamelan nangnéngnong. Ditempas ku sorakendang, dung plak dung plak, écés pisan. Dipungkas ku sora-sora goong, éar nu surak nu senggak, kakuping ramé pisan.Loba jelema katipu.Ti lembur nu beulah Kidul Gunung Kendang, saperti Cikareo, Bantarpeundeuy, jeung nu séjénna. Nu dek lalajo ngabring, manéhna nyangka aya kariaan dikampung Cibitung. Urang lembur Kaléreun Gunung Kendang, nyangkayénnunanggap wayang téh di Cikarosea atawa Bantar peundeuy.Burusut nu lalajo ngabring nuju ka beulah Kidul. Dijalan abringan nu ti Kalér  jeung nu ti Kidul pasanggrok, terus silih tanya, dimana aya nu kariaan téh.Masing-masing ting polongo, teu aya nu bisa ngajelaskeun. Terus baralik kalayan haténa marurukusunu keuheul ngarasa katipu.Kaanéhan Gunung Kendang nyaéta balatak batu-batu nu siga kendang, goong,anggél, guguling, jeung gulungan kasur. Anu siga gulungan kasur réana ayaopat bélas, anu nangtung anu ngedéng. Anu siga guguling panjangna hijisatengah méter. Gunung Kendang ayana di Désa Sukamukti KacamatanCisompét Kabupatén Garut, dikomplék Kahutanan nu katelah Blok Jagasatru.

10.5 | AKSARA SUNDA

10.5 | AKSARA SUNDA



=====

Aksara Sunda Lengkap
Aksara ngalagena
Aksara swara
Angka
Rarangken di luhur, di handap sareng di gigir.

======
Dumasar kana cara nulisna, rarangkén dibagi jadi 3 :
a) Rarangkén diluhureun huruf
b) Rarangkén dihandapeun huruf
c) Rarangken sejajar jeng huruf

a. Rarangkén diluhureun huruf






b. Rarangkén dihandapeun huruf


c. Rarangken sejajar jeung huruf

2023 Juni | Rencana PAS S2 _ Sunda 11

Kelas XI BAB 1. RUMPAKA KAWIH, ↪↪↪ BAB 2. SAJAK, ↪↪↪ BAB 3. PAKEMAN BASA, ↪↪↪ BAB 4. NOVEL, ↪↪↪ BAB 5. BABASAN, ↪↪↪ BAB 6. WARTA, ↪↪↪ ...