11.5 | BABASAN

11.5 | BABASAN

A. Wangenan Babasan

Babasan nyaeta kecap nu mangrupa siloka, atawa kiasan nu harti lolobana ngagambarkeun sifat atawa kabiasaan hiji jelema.

Diantara para ahli basa sunda aya nu nyieun wangenan yen babasan teh nyaéta sawatara susunan kecap nu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi biasana geus kamaphum ku saréréa,[1] atawa ucapan maneuh anu dipaké dina harti injeuman.[2] Babasan ogé sarua hartina jeung wiwilangan atawa bibilangan, nyaéta ucapan-ucapan nu hartina henteu gembleng, teu jelas ogé miboga konotasi nu tangtu, susunan basana ringkes, saeutik patri, jeung ulah dihartikeun sabenerna.

B. Paribasa

Dina basa Sunda salian babasan aya paribasa. Paribasa mah nyaéta kecap mangrupa papatah, pangrojong, atawa kecap nu bisa dijadikeun pieunteungeun hirup. Nya basa kerénna mah kecap nu bisa ngamotivasi.

Paribasa biasana rada panjang. Leuwih ti dua kecap. Sedengkeun babasan mah pondok, biasana ngan dua kecap.

Paribasa hartina sarua jeung ibarat, upama, biasana, baku, dadaku jeung saterusana.[1] Upama dina ungkara :

  • Ceuk paribasa, najan dahar karo uyah ogé ari ngariung jeung anak rabi mah ngeunah baé
  • Paribasa manéh mah ari geus ménta duit téh
  • Paribasa nganyam samak neukteukan bari motongan, paribasa néang anak ngadeukeutan popotongan.[3]

C. Papasingan Paribasa

Paribasa dibagi jadi tilu, nyaéta:

  1. pangjurung laku hadé, 
  2. panyaram lampah salah, jeung
  3. wawaran luang.
Salmun nétélakeun yén papasingan paribasa disawang tina rupa-rupa hal, saperti ditilik tina gelarna, ditilik tina basa kabujanggaan, tarjamah tina basa asing (basa Jawa, basa Indonésia, basa Arab, basa Inggris), disawang tina sumber babandingan (ngabandingkeun kana ngaran awak sakujur, ngaran sasatoan, ngaran tutuwuhan, ngaran kaayaan alam, ngaran barang, jeung ngaran laku lampah, saperti paribasa patali jeung tani, patalina jeung ingon-ingon, perikanan, dagang, seni, ninun, sistem kamasarakatan, basa, élmu pangaweruh, jeung kapercayaan).

Jadi boh babasan boh paribasa sarua pakeman basa nu umumna dipaké ku saréréa pikeun nyinggetkeun carita anu panjang maksudna, disusun mangrupa kalimah anu geus matok sarta ngandung pituah atawa piluangeun, susunannana ditetepkeun ku karuhun Sunda, teu meunang dirobah, dikurangan, dileuwihan atawa dilemeskeun, sabab lamun dirobah tangtuna hartina ogé jadi robah. Bédana babasan jeung paribasa téh nyaéta babasan mah ngawangun hiji kecap (kantétan), ari paribasa mah mangrupa kalimah.

D. Conto babasan

Babasan lolobana ngagambarkeun pasipatan jalma

  • Amis Budi = Hadé budi, teu weléh seuri ka batur, (Baik budi atau selalu berperilaku baik, murah senyum).
  • Amis Daging = Babari kakeunaan ku panyakit kulit, contona borok . (Mudah terkena penyakit kulit seperti terkena borok atau bisul.
  • Atah Anjang = Langka nganjang ka batur atawa ka tempat-tempat lianna.(Jarang main kerumah orang atau ketempat-tempat lainnya, jarang berwisata, sukanya diem aja dirumah).
  • Ayeum Tengtrem = Senang ati, teu boga kasieun atawa kahariwang. (Perasaan yang tenang, tidak ada rasa khawatir sama sekali, damai).
  • Babalik Pikir = Sadar tina kasalahan, (menyadari kesalahan).
  • Béak Déngkak = Geus rarupa ikhtiar tapi teu hasil. (Sudah berusaha semaksimal mungkin tapi masih belum berhasil, sabar ya).
  • Béngkok Tikoro = Teu kabagéan dahareun lantaran telat datang, (Gak kebagian makanan karena datangnya telat, kasian sekali).
  • Beurat Birit = Kedul, hésé dititah, (Pemalas, kalau disuruh gak mau, pokoknya nyebelin).
  • Bodo Aléwoh = Bodo tapi daék na tanya, (Bodoh, banyak gak tahu tapi dia gak segan bertanya).
  • BuntutKasiran = Pedit, koret, hésé mere ka batur, (pelit banget lah nih orang, gak mau ngasih sedikitpun).
  • Cueut Ka Hareup = Jelema nu geus kolot, (manusia yang sudah tua).
  • Dogdog Pangréwong = Saukur omong tambahan. (Ngagosip, suka nambah-nambahin cerita, tukang gosip).
  • Elmu Ajug = Mapatahan batur bari sorangan teu bener, (Suka ngasih tahu orang lain, memberikan saran, suka bilangin orang lain tapi dirinya aka gak bener).
  • Epés Méér = Babari ceurik, babari peunggas harepan, (mudah nangis, di marahin dikit nangis, digertak dikit takut).
  • Gantung Déngé = teu anggeus anu didéngékeun, (gak selesai apa yang didengarkan, jadi baru setengahnya aja).
  • Gantung Teureuyeun = henteu cacap barang dahar, lantaran dahareunna kurang. (kurang kenyang kali, kagok karena makanannya sedikit)
  • Gedé Hulu = Sombong, Adigung. (Sombong banget dah)
  • Getas Harupateun = Babari nuduh atawa ngahukum. (mudah menuduh dan menghukum orang lain)
  • Gurat Batu = Mawa karep sorangan.(gak mau diarahkan, gak mau diurus, gimana maunya sendiri saja)
  • Hampang Birit = Babari dititah, henteu kedul.(gampang disuruh, baik banget lah)
  • Hampang leungeun = Babari neunggeul.(gampang mukul orang lain, jahat ya)
  • Handap Lanyap = Omong na hade padahal maksud na ngahina.(bicaranya sih halus, bagus, tapi sebenarnya menghina)
  • Harewos Bojong = Ngaharewos tapi kadenge ku batur.(Bisik bisik tapi kedengeran sama orang lain, sengaja ya nyindir)
  • Haripeut ku teuteureunyeun = Babari kapincut ku pangabita.(mudah tergoda dengan yang menggoda goda).
  • Hawara Biwir = Bebeja ka batur samemeh dipigawe.(Sukanya ngasih tahu orang lain sebelum dikerjakan, apa saja)
  • Hejo Tihang = resep pipindahan.(suka banget pindah pindah ya, nomaden).
  • Heuras Genggerong = omong na kasar.(Gaya bicara kasar)
  • Heureut Pakeun = Saeutik Pangaboga.(Sedikit yang dia miliki, kismin kali ya).
  • Indit Sirib = Indit sakulawarga.(pergi semua keluarga)
  • Kawas Gaang Katincak = jempe, teu ngomong.(Diem aja gak ngomong sama sekali)
  • Kawas beueuk beunang mabuk = jempe/ ngeheruk teu ngomong. (Sama diem aja gak ngomong)
  • Kawas Anjing tutung buntut = Teu daek cicing.(Tidak suka diem, pengennya gerak aja)
  • Kembang Buruan = Budak keur meujeuhna resep ulin di buruan.(anak yang lagi seneng main dihalaman rumah)
  • Kokolot Begog = Niron-niron omongan atawa kalakuan kolot.(Meniru apa yang dikatakan orang tua termasuk kelakukan, sok udah tua kali ya)
  • Kurung Batok = Tara liar ti imah, tepi ka teu nyaho nanaon.(Jarang keluar rumah sampe gak tau apa-apa, manusia purba kali ya)
  • Laer Gado = Resep barang penta.(Sukanya minta aja nih orang)
  • Lesang Kuras = Geus teu boga nanaon.(Udah gak punya apa-apa, trus apa dong?)
  • Leuleus Awak = Resep barang gawe.(Suka mengerjakan apapun, yang penting baik dan halal)
  • Leumpeuh Yuni = Teu kuat nenjo nu pikasieuneun/ pikareuwaseun.(Gak kuat lihat yang lucu-lucu, pengennya ketawa terus dikit-dikit ketawa).
  • Leutik Burih = Kurang kawani, sieunan, borangan. (Gak punya nyali, penakut, cemen lah)
  • Lungguh Tutut = Katenjona lungguh/ cicingeun padahal saenyana henteu.(Kelihatannya sih pendiem, baik, padahal aslinya enggak)
  • Miyuni Kembang = Loba nu mikaresep.(Banyak yang suka, kayak akuh)
  • Murag Bulu Bitis = Resep indit-inditan.(Suka keluar, suka jalan-jalan)
  • Ngabuntut Bangkong = Teu puguh tungtungna, teu tep ka rengse.(Tidak ada ujungnya)
  • Ngegel Curuk = Teu menang hasil.(tidak mendapatkan hasil)
  • Ngeplek Jawer = Teu boga kawani, sieunan, elehan.(Penakut, tidak punya nyali, cemen)
  • Ngijing Sila = Henteu satia.(tidak setia)
  • Nyoo Gado = Ngunghak, ngalunjak.(Ngelunjak nih orang)
  • Panjang Lengkah = Loba pangalaman.(Banyak pengalamannya)
  • Pindah Pileumpangan = Robah kalakuan.(berubah sifat dan kelakukan)
  • Saur Manuk = Ngomong rampak/ bareng.(bicara bersama)
  • Tuturut Munding = Nurutan batur bari teu nyaho maksudna.(Niru-niru atau ngikut-ngikut orang tapi gak tau maksudnya apa)
  • Era Parada = Era ku kalakuan batur.(Malu sama kelakukan orang lain, orang lain yang berbuat kamu jadi kebawa malunya)
  • Geulis Gunung = Katingali ti jauh alus tapi beh dekeut goreng.(Kelihatan dari jauh cakep tapi pas deket eh jelek)

E. Conto paribasa

  • Anu burung diangklungan, anu gélo didogdogan, anu édan dikendangan (anu gedébul dihaminan, ngarah tambah maceuh)
  • Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna (Allah moal mihak ka jalma nu boga dosa)
  • Ari diarah supana, kudu dijaga catangna (ari aya barang anu diala hasilna kudu daék ngurusna)
  • Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed (najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora)
  • Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar (jaman geus robah, jalma ogé loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna)
  • Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket (taki-taki ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakéwuh)
  • Cécéndét mandé kiara, cileuncang (cileungcang) mandé sagara (nu miskin hayang nyaruaan nu beunghar).

======
Daftar pustaka jeung Referensi:

2 komentar:

  1. Paribasa Pangjurung laku hade
    Kudu bisa ka bula ka balé. Artinya harus bisa bergaul dgn orang dr berbagai golongan, bisa menenteng diri, atau bisa bekerja apapun.
    Kudu boga pikir rangkepan. Artinya harus berhati-hati, jangan mudah percaya pada kata-kata bagus orang lain.
    Kudu boga saku dua. Artinya mesti berhati-hati, jangan mudah dibodohi.
    Kudu caina hérang laukna beunang. Artinya tujuan mesti tercapai dengan-cara rapih tanpa meninggalkan dilema, mesti berhasil tanpa ekses.
    Sing carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket. Artinya mesti siap siaga mempertahankan keamanan, menjaga rumah takutnya ada bahaya.
    Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok. Artinya bersungguh-sungguh pangkal pintar, meskipun sukar bila terus menerus berguru pasti bisa.
    Kudu clik putih clak hérang. Artinya harus tulus nrimo tak ada itikad jelek.
    Datang kudu katénjo tarang, undur kudu katénjo punduk. Artinya datang mesti permisi, pulang pula harus pamit. Menandakan tak ada persoalan.
    Kudu ditiung méméh hujan. Artinya harus jaga-jaga atau persediaan sebelum terjadi sesuatu yg tak diharapkan. Maknanya sama dgn peribahasa sedia payung sebelum hujan.
    Élmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna. Artinya ilmu & harta harus sama-sama dicari, tak boleh poya-poya (sewajarnya).
    Kudu hadé gogog hadé tagog. Artinya harus baik akal bahasa & tingkah laku.
    Ka cai kudu jadi saleuwi kadarat jadi salebak. Artinya mesti rukun seiring sejalan.
    Kajeun pait tungtung bacin, manan amis tungtung pait. Artinya ketimbang kesudahannya bikin sulit, lebih baik diceritakan dahulu di permulaan apa yg akan bikin susah.
    Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung. Artinya lebiih baik cape kerja asal keperluan tercukupi.
    Kudu bisa ngeureut neundeun. Artinya harus mampu menertibkan keuangan agar walaupun penghasilan sedikit tapi cukup untuk keperluan & bisa menabung.
    Kudu bisa pindah cai pindah tampian. Artinya harus bisa mengikuti keadaan/ menyesuaikan diri dgn lingkungan baru.
    Kudu boga pikir kadua leutik. Artinya harus berhati-hati, jangan lalai.
    Kudu nepi méméh indit. Artinya mesti merencanakan/ memperhitungkan sesuatu dgn baik sebelum melakukannya.
    Kudu daek kuru cileuh kentél peujit. Artinya harus mau tirakat agar tercapai impian.
    Kudu jadi lalaki langit lalanang jagat. Artinya harus jadi laki-laki gagah perkasa.
    Kudu landung kandungan laér aisan. Artinya harus bijaksana, pemaaf.
    Kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan. Artinya harus bijaksana & adil dlm mengambil keputusan.
    Sanajan leutik tetapi kudu leutik-leutik ngagalitik. Artinya walaupun badan kecil tapi harus jadi pemberani.
    Kudu loba luang jeung daluang. Artinya mesti memiliki ilmu pengetahuan yg luas.
    Awewe mah kudu kungguh timpuh andameli. Artinya harus budbahasa & baik & menakjubkan.
    Mipit kudu amit ngala kudu ménta. Artinya bila menggunakan/ memakai barang orang lain mesti permisi/ minta izin apalagi dahulu.
    Kudu neté tarajé, nincak hambalan. Artinya harus tertib, sedikit demi sedikit.
    Kudu nepi ka pakotrék iteuk. Artinya berumah tangga harus rukun hingga tua.
    Kudu ngadék sacékna, nilas saplasna. Artinya bicara mesti apa adanya tak dilebihi & tak dikurangi.
    Kudu paheuyeuk-heuyeuk leungeun. Artinya mesti saling bantu, bahu membahu.
    Kdudu sagolék pangkék sacangreud pageuh. Artinya harus tepat janji.
    Kudu sareundeuk saigel sabobot sapihanéan. Artinya mesti rukun sauyunan tak boleh ada perpecahan & jangan ada pertengkaran.

    BalasHapus
  2. Conto paribasa nu ngajurungkeun, nyaram, wawaran luang
    https://basasunda.com/paribasa-pribahasa-bahasa-sunda/

    BalasHapus

2023 Juni | Rencana PAS S2 _ Sunda 11

Kelas XI BAB 1. RUMPAKA KAWIH, ↪↪↪ BAB 2. SAJAK, ↪↪↪ BAB 3. PAKEMAN BASA, ↪↪↪ BAB 4. NOVEL, ↪↪↪ BAB 5. BABASAN, ↪↪↪ BAB 6. WARTA, ↪↪↪ ...