Basa Sunda Kelas 10
Bab 7 | PUPUH
A. Wangenan Pupuh
Pupuh téh nyaéta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna.
Nalika can pati wanoh kana wangun puisi / sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun.
Naon ari pupuh teh? Pupuh téh mangrupa ugeran (puisi) nu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu.
B. Unsur Pupuh
Dina pupuh aya anu disebut Guru Wilangan jeung Guru Lagu.
- Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan (aturan jumlah baris dina satiap baris sarta jumlah suku kata/vokal dina satiap barisna).
- Guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung (aturan sora vokal dina satiap akhir/tungtung barisna). Pupuh Sunda kabéhna aya tujuh belas.
C. Ugeran Pupuh
D. Papasingan Pupuh
Sakumaha tos disebat yen Pupuh sunda teh aya 17. Ari anu 17 ieu kabagi dua, nyaeta:
- Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (mindeng disingget jadi KSAD).
- Aya nu kaasup sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong.
Unggal Pupuh miboga ugeran guru wilangan jeung guru lagu sarta watek séwang-séwangan sakumaha anu dijéntrékeun di handap ieu.
1. Sekar Ageung aya 4 (opat) pupuh, nyaeta:
1.1. Kinanti
Watek Pupuh Kinanti: Ngagambarkeun perasaan sayang (kanyaah), sono (nungguan), jeung watir (deudeupeun).
Jumlah padalisan: 6 baris (padalisan) dina hiji pada (bait).
Pola guru wilangan beserta guru lagu: 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i
Unikna, dina pupuh kinanti ieu, satiap padalisan (baris) ukur aya 8 guru lagu atawa suku kata wungkul.
Conto Pupuh Kinanti:
Kembang ros ku matak lucu (8-u)Nya alus rupa nya seungit (8-i)Henteu aya papadana (8-a)Ratuning kembang sajati (8-i)Papaes di patamanan (8-a)Seungit manis ngadalingding (8–i)
Budak leutik bisa ngapung (8-u)Babaku ngapungna peuting (8-i)Ngalayang kakalayangan (8-a)Neangan nu amis-amis (8-i)Sarupaning bungbuahan (8-a)Naon bae nu kapanggih (8–i)
1.2. Sinom
Watek Pupuh Sinom: Ngagambarkeun perasaan kabungahan atawa kagumbiraan (gumbira), kadeudeuh, jeung sumanget.
Jumlah padalisan: 9 padalisan dina satiap pada (bait)
Pola guru wilangan dan guru lagu: 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a.
Conto 1. Pupuh Sinom:
Di wetan fajar balebat (8-a)
Panon poe arek bijil (8-i)
Sinarna ruhay burahay (8-a)
Kingkilaban beureum kuning (8-i)
Campur wungu saeutik (7-i)
Kaselapan semu biru (8-u)
Tanda Batara Surya (7-a)
Bade lumungsur ka bumi (8-i)
Murub mubyar langit sarwa hurung herang (12-a)
Conto 2
Harta pada nareangan (8-a)Harti pada nyararungsi (8-i)Sabab duanana guna (8-a)Harti bisa mere bukti (8-i)Harta pon nyakitu deui (8-i)Bisa ngabul nu dimaksud (8-u)Neudunan Sakahayang (7-a)Tapi harta gampang leungit (8-i)Mungguh harti mangpaat dunya akherat (12-a)
1.3. Asmarandana
Watek Pupuh Asmarandana: Perasaan sayang (nyaah), cinta (deudeuh asih), jeung asmara (kabirahian) nu ditunjukeun ka bebene, pasangan, kulawarga, atawa sobat.
Jumlah padalisan: 7 padalisan (baris) dina satiap pada (bait).
Guru wilangan jeung guru lagu: 8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a.
Guru lagu pupuh Asmarandana, padalisan anu ka-3 bisa mengrupa huruf vokal “é” atawa huruf vokal “o”.
Conto 1. Pupuh Asmarandana:
Mun ujang nyiar pangarti (8-i)
Terus sakola ka kota (8–a)
Sing jadi murid rancage (8–e)
Bener pinter bari sehat (8–a)
Mikaheman sasama (7–a)
Asih kanu jadi guru (8–u)
Gaganti ema jeung bapa (8–a)
Contoh 2
Eling eling mangka eling (8-i)
rumingkang di bumi alam (8–a)darma wawayangan bae (8–e)raga taya pangawasa (8–a)lamun kasasar lampah (7–a)nafsu nu matak kaduhung (8–u)badan anu katempuhan (8–a)
Watek Pupuh Dangdanggula: Pupuh Sunda Dangdanggula boga watek kaendahan (kawaasan), kesenangan (kagumbiraan), ketentraman (katingtriman), atau kaagungan.
Jumlah padalisan: 10 padalisan (baris) dina hiji pada (bait).
Pola guru wilangan dan guru lagu: 10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a.
Pupuh Dangdanggula ngabogaan pola anu lebih panjang tinimbang pupuh Sinom sabab kawangun tina 10 padalisan (baris).
Conto 1. Pupuh Dangdanggula:
Laut Kidul kabeh katingali (10-i)
Ngembat paul kawas dina gambar (10-a)
Ari ret ka tebeh kaler (8-e)
Batawi ngarunggunuk (7-u)
Lautna mah teu katingali (9-i)
Ukur lebah lebahna (7-a)
Semu semu biru (6-u)
Ari ret ka tebeh wetan (8-a)
Gunung gede jiga nu ngajakan balik (12-i)
Meh bae kapiuhan (7-a)
conto 2.
Méga beureum surupna geus burit [10-i]Ngalanglayung panas pipikiran [10-a]Cikur jangkung jahé konéng [8-é]Naha teu palay tepung [7-u]Simabdi mah ngabeunying leutik [9-i]Ari ras cimataan [7-a]Gedong tengah laut [6-u]Ulah kapalang nya béla [8-a]Paripaos gunting pameulahan gambir [12-i]Kacipta salamina [7-a].
2. Sekar Alit aya 13 (tilu belas) pupuh, nyaeta:
2.1. Balakbak
Watek Pupuh Balakbak: Guyonan, komedi (banyol), atau candaan (heureuy) tentang kehidupan sehari-hari.
Jumlah padalisan: Pupuh ieu ngan saukur boga 3 padalisan (baris) dina hiji pada (bait).
Pola guru wilangan jeung guru lagu: 15-é, 15-é, 15-é
atawa bisa ditulis 12+3e, 12+3e, 12+3e.
Conto 1 Pupuh Balakbak:
Aya warung sisi jalan rame pisan – Citameng (15-e)
Awewena luas luis geulis pisan – ngagoreng (15-e)Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet – nyanggereng (19-e).
2.2. Durma
Watek Pupuh Durma: ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.
Pola guru wilangan jeung guru lagu: 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i.Pupuh durma ngabogaan 7 padalisan.
Moal ngejat sanajan ukur satapak (12-a)
Geus dipasti ku jangji (7-i)Mun tacan laksana (6-a)Numpes musuh sarakah (7-a)Heunteu niat seja balik (8-i)Najan palastra (5-a)Mati di medan jurit (7-i)
2.3. Gambuh,
Watak Pupuh Gambuh: Perasaan hiji jalma anu keur sedih (kasedih), nyeri hate (kanyeri), atawa nandangan tunggara (kasusah).Guru wilangan jeung guru lagu: Pola 7-u, 10-u, 12-i, 8-u, 8-o.Pupuh Gambuh kawangun tina 5 padalisan.
Conto Pupuh Gambuh:
Ngahuleng banget bingung (7-u)Heunteu terang kamana nya indit (10-u)Turug-turug harita teh, enggeus burit (12-i)Panonpoe geus rek surup (8-u)Keueung sieun, aya meong (8-o)
2.4. Gurisa,
Watek Pupuh Gurisa: Ngagambarkeun hiji jalma nu keur ngahayal hiji perkara nu kosong molongpong teu aya harti (malaweung) atawa ngalamun.Pola guru wilangan jeung guru lagu: 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a.Pupuh gurisa ieu ngabogaan 6 atawa 8 padalisan dina hiji bait (pada).
Conto Pupuh Gurisa:
Hayang Teuing Geura BeurangHayang teuing geura beurang (8-a)Geus beurang rek ka Sumedang (8-a)Nagih ka nu boga hutang (8-a)Mun meunang rek meuli soang (8-a)Tapi najan henteu meunang (8-a)Mo rek buru-buru mulang (8-a)Rek terus guguru nembang (8-a)Jeung diajar nabeuh gambang (8-a)
2.5. Jurudemung,
Conto Pupuh Jurudemung:Watek Pupuh Juru Demung: Ngajelaskan rasa kabingung atawa kasulitan hiji hal nu kudu dilakukeun (pilakueun).Pola guru wilangan jeung guru lagu: 8-a, 8-u, 8-u, 6-i, 4-i, 6-i, 8-a, 8-u.Pupuh juru demung ieu ngabogaan 8 padalisan.
Mungguh nu hirup di dunya (8-a)Ku kersaning anu agung (8-u)Ku kersaning anu agung (8-u)Geus pinasti panggih (6-i)Geus pinasti (4-i)Geus pinasti panggih (6-i)Jeung dua rupa perkara (8-a)Senang paselang jeung bingung (8-u)
2.6. Lambang,
Watek Pupuh lambang: Lelucon atawa lawakan (banyol), namung lelucon atawa lawakan eta bisa dijadikan bahan renungan.Pola guru wilangan jeung guru lagu: 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a.
Nawu kubang sisi tegal (8-a)Nyiar bogo meunang kadal (8-a)Nawu kubang sisi tegal (8-a)Nyiar bogo meunang kadal (8-a)Atuh teu payu dijual (8-a)Rek didahar da teu halal (8-a)
2.7. Ladrang,
Watek Pupuh Ladrang: Lelucon atau lawakan (banyol) dengan maksud untuk menyindir (nyindiran).
Pola guru wilangan dan guru lagu: 10-i, 4-a (2x), 8-i, 12-a.
Aya hiji rupa sato leutik (10-i)
Engkang-engkang, engkang-engkang (4-a) 2x
Sok luluncatan di cai (8-i)
Ari bangun arek sarupa jeung lancah (12-i).
2.8. Magatru,
Watek Pupuh Magatru: Ngagambarkan perasaan sedih, kuciwa, atawa penyeselan (handeueul) ka diri sorangan, bisa oge watek nganasehatan.
Pola guru wilangan dan guru lagu: 12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o
Conto Pupuh Magatru:
Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung (12-u)Kopo reujeung Cisondari (8-i)Cicalengka, Ujung Berung (8-u)Rajamandala, Cimahi (8-i)Leles, Limbangan, Tarogong (8-o)
2.9. Maskumambang,
Watek Pupuh Maskumambang: Rasa prihatin, kasedih (kanalangsaan), atawa nyeri hate.Pola guru wilangan dan guru lagu: 12-i, 6-a, 8-i, 8-a.
Conto Pupuh Maskumambang:
Itu kusir bangun ambek-ambek teuingTurun tina delmanKuda dipecutan tarikTeu aya pisan ras-rasanTeu ngarasa bong kena ka sato laipPadahal mogoknaLantaran geus cape teuingHayang ngaso eureun heulaCoba lamun aya nu nenggel ka kusirGeus tangtu karasaNyeri moal salah deuiSato ge kitu sarua
2.10. Mijil,
Conto Pupuh Mijil:Watek Pupuh Mijil: Ngagambarkeunn watek kasedih, namung jeung perasaan pinuh harepan.Pola guru wilangan dan guru lagu: 10-i, 6-o, 10-é, 10-i, 6-i, 6-u.
Mesat ngapung putra Sang Arimbi (10- i)Jeung mega geus awor (6-o)Beuki lila beuki luhur bae (10-e)Larak-lirik ninggali ka bumi (10-i)Milari sang rai (6-i)Pangeran Bimanyu (6-u)
2.11. Pangkur,
Conto Pupuh Pangkur:Watek Pupuh Pangkur: Ngagambarkan perasaan kesel atawa ambek nu kapengkek dina hate nu jadi lantaran ayana tugas atawa beban nu kacida beratna.Pola guru wilangan dan guru lagu: 8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-i.
bapa doblang pada terangkumis baplang nuruban biwir nu jedingpipi kemong irung mancungpanon buringas héranggoréng omong gawang geuweung harung gampungpantrang mayar kana hutanglicik sarta sok curaling
2.12. Pucung,
Watek Pupuh Pucung: Menggambarkan perasaan marah (ambek) atau kesal (keuheul) kepada diri sendiri karena tidak sejalan dengan batin.Pola guru wilangan dan guru lagu: 12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a.
Conto Pupuh Pucung:
Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora
Bisi engké henteu naék
Batur seuri urang sumegruk nalangsa
2.13. Wirangrong.
Watek Pupuh Wirangrong: Menggambarkan rasa malu (kawiwirangan) terhadap diri sendiri.Pola guru wilangan dan guru lagu: 8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a.
Barudak mangka ngalarti (8-i)Ulah rek kadalon-dalon (8-o)Enggon-enggon nungtut elmu (8-u)Mangka getol mangka tigin (8-i)Pibekeleun sarerea (8-a)Modal bakti ka nagara (8-a)
Sumangga tiasa ngalink kadieu, upami hoyong conto pupuh-pupuh anu sanesna.
============
Daftar pustaka:
Tidak ada komentar:
Posting Komentar