10.2 | PAGUNEMAN
====
PAGUNEMAN SUNDA
DAFTAR ISI
A. NYANGKEM PERKARA PAGUNEMAN SUNDA
Paguneman
téh nya éta Kagiatan nyarita dua arah nu dilakukeun ku leuwih
ti saurang pikeun ngungkabkeun rasa, pikiran, kahayang luyu jeung tujuan
nu dicaritakeunana.
Dina maca paguneman téh urang kudu daria, sabab hal éta téh penting pisan
ngarah maksud jeung tujuan kahayang urang bisa kaharti ku nu diajak nyarita.
Unsur-unsur paguneman :
1 Aya panyatur
2 Aya batur nyarita
3 Aya jejerna
Aturan-aturan nu kudu diperhatikeun dina nepikeun paguneman:
1 Kudu apal kana maksud nu dicaritakeun
2 Kudu sabar dina nyanghareupan nu nyarita
3 Ngajénan unggal pamadegan nu diasongkeun ku batur
4 Jujur, soméah, ulah nogéncang ( méré kasempetan nyarita ka nu lian )
Rupa-rupa paguneman :
1 Monolog nyaéta paguneman anu ditepikeun ku saurang palaku
2 Dialog nyaéta paguneman nu ditepikeun ku leuwih ti saurang palaku.
3 Prolog nyaéta paguneman nu ditepikeun di bagian bubuka
4 Epilog nyaéta
paguneman nu ditepikeun di ahir carita.
Dina prak-prakan maca paguneman urang kudu merhatikeun sababaraha hal, nya éta
:
1. Baca heula dina jero haté sing gemet méh kacangkem eusi éta paguneman
2. Perhatikeun tanda-tanda baca anu aya dina éta téks paguneman.
3. Bacakeun maké lentong nu merenah luyu jeung tanda baca nu aya.
B. CIRI-CIRI PAGUNEMAN ANU HADE
1. Aya pagunemanana
2. Palakuna leuwih ti saurang
3. Maké kalimah langsung
4. Dina maca pagunemanana kudu hadé
lentongna
5. Pasemon anu daria
6. Lapal anu jelas
7. Volume sora kudu bedas
C.
PAGUNEMAN SAPOPOE
|
: |
“Gus, kumaha ari kelas Agus sami pelajaran basa sunda
dipasihan pancen?” |
Agus |
: |
“Pancen anu mana téa, Ris?” |
Risma |
: |
“Éta dipiwarang nyarioskeun pangalaman waktu libur.” |
Tiara |
: |
“Muhun kelas abi oge sami dipiwarang.” |
Agus |
: |
“Oh, éta. Atos deui Agus mah.” |
Tiara |
: |
“Agus, basa libur téh kamana kitu?” |
Agus |
: |
“Agus mah ameng ka kampung Pulo.” |
Risma |
: |
“Nu dimana téa kitu, Gus?” |
Agus |
: |
“Eta nu di Lélés téa.” |
Tiara |
: |
“Muhun nya, Gus resep ameng ka dinya téh jaba aya carita
sajarahna, sareng urang tiasa rarakitan di situ Cangkuang.” |
Risma |
: |
“Naha kumaha kitu di kampung pulo téh?” |
Agus |
: |
“Éta Ris, di kampung pulo mah masih mertahankeun adatna.
Sakampung éta téh cenah ulah leuwih ti tujuh suhunan kitu ogé éta téh sareng
masjid.” |
Risma |
: |
“Ari situ cangkuang?” |
Agus |
: |
“Tah lamun urang badé ka kampung pulo tiasa nyebrang ku
rakit téa di situ Cangkuang sakalian urang rarakitan.” |
Risma |
: |
“Oh, Risma mah acan apal ka kampung pulo téh.” |
Tiara |
: |
“Enya atuh, Ris, meni resep ameng ka ditu téh.” |
Risma |
: |
“Risma mah nembé apal téh ka Situ Bagendit wéh nu di
Banyuresmi téa, kapan didinya gé sami tiasa rarakitan.” |
Tiara |
: |
“Muhun Ris, kapan Situ Bagendit mah aya dongéng sasakalana
téa.” |
Risma |
: |
“Muhun nya.” |
Agus |
: |
“Duanana ogé sami boh Situ Bagendit boh Situ Cangkuang
kalébét objek wisata nu aya di kota Garut.” |
Risma |
: |
“Abong Risma mah kuper nya meni katinggaleun informasi
téh.” |
Tiara |
: |
“Matakna gaul atuh!” |
Risma |
: |
“Nya atuh ayeuna mah badé gaul lamun Agus sareng Tiara
ameng deui ajakan Risma, nya!” |
Agus + Tiara |
: |
“Siap.” |
Tiara |
: |
“Yu, ah tos bél urang ka kelas bilih kabujeng aya guru.” |
(Prasada
Basa Pikeun Murid SMP/MTS Kelas VII, Penerbit Langen Sari, Medal Taun 2014,
Kaca 15)
LATIHAN SOAL
2. Hal-hal naon anu dipagunemkeunana?
Tidak ada komentar:
Posting Komentar