10.4 | OTOBIOGRAFI
Kanggo teori Otobiografi parantos dina Biografi.Didieu urang damel bae conto boh biografi atanapi conto otobiografina.
Mangga lenyepan.
=====
Conto Biografi 1
Popi Nur Syapi Insaniyah
Kuring di Pasantren Badrul Ulum ngagaduhan réréncangan nu namina Popi Nur Syapi Insaniyah. Tiasa dipanggil Popi. Ajeunna lahir tanggal 29 Februari 1988 di Bandung. Anjeunna cicing di Jln. Bagjasugema RT. 010/015 Desa Bungahkacida Kecamatan Gumbirapisan Kabupaten Amarwatasuta. Anjeunna anak kadua tina sapuluh sadulur.
Warsih 1995 anjeunna neruskeun atikanana di MIS Kareueut. Warsih 2001 anjeunna neruskeun atikannana di MTs. Kareueusmanah. Warsih 2004 anjeunana neruskeun atikannana di MAK Kameumeut.
Anjeunana kaasup siswi berpréstasi, nalika MI anjeunna Juara 1 lomba maen catur dina dintenan Mieling Kamerdekaan dina HUT RI 1996. Mangsa di MTs. anjeunna rajin ngiring éskul Pramuka nanging ngan dugi kelas 2 hungkul, margi anjeunna kedah fokus kana ujian nasional.
Anjeunna boga cita-cita pikeun jadi guru sareng penceramah. Anjeunna oge jalmina bageur pisan jeung cicingan. Kuring reueus pisan gaduh réréncangan sapértos anjeunna, mugi-mugi anjeunna téras majeng dina kahirupannana, sabada ngahontal cita-citana, teu janten matak umaing, umangkeuh, gumede sareng somse, sarta mugia bae aya dina panangtayungan ALLAH SWT.
Conto Biografi 2
Ir. Soekarno
Biodata Ir. Soekarno
Nami lengkep : Ir. Soekarno
Nami panggilan : Bung Karno
Nami alit : Kusno
Tempat, kaping lahir : Surabaya, 6 Juni 1901
Agama : Islam
Nami Isteri : Fatmawati, Hartini, Ratna Sari Dewi, Kartini Manopo, Haryati, Yurike Sanger, dan Heldy Djafar
Nami Murangkalih : Guntur, Megawati, Rachmawati, Sukmawati, Guruh (dari Fatmawati) Taufan, Bayu (dari Hartini) Kartika (dari Ratna Sari Dewi)
Pendidikan : HIS di Surabaya, Hogere Burger School (HBS), Technische Hoogeschool (THS) di Bandung
Wafat : Jakarta, 21 Juni 1970
Dimakamkan : Blitar, Jawa-Timur
Kehirupan Pribadi Ir. Soekarno
Ir. Soekarno anu akrab dipanggil Bung Karno lahir dina kaping 6 Juni 1901 di Surabaya, Jawa Timur kalayan nami alitna Kusno Sosrodihardjo sareng wafat dina kaping 21 Juni 1970 di Jakarta. Bung Karno teh putra ti pasangan Raden Soekemi Sosrodihardjo sareng Ida Ayu Nyoman Rai. Kumargi teu damangan wae, Soekarno alit dirawat rakana nu namina Raden Hardjodikromo di Tulungagung. Soekarno uih deui calik sareng ibu ramana dina taun 1909 di Mojokerto.
Di Mojokerto pisan, ramana ditugaskan salaku kepala Eerste Inlandse School. Ku hal ieu, Soekarno oge sakola ditempat ieu. Tiwit calik deui sareng sepuhna, Soekarno ngagentos namina tina Kusno janten Soekarno sangkan dirina henteu teu damangan wae, sareng tiasa hirup kumbuh dina kaayaan sehat walagri. Ti nuju alit, Soekarno tos jadi murangkalih anu berprestasi bahkan mampu ngawasa pirang-pirang bahasa. Ku kituna, Soekarno dikenal ku sakuliah dunya.
Conto Otobiografi 1
Biografi Muhamad Dudi Ridwan
Nepangkeun nami abdi Muhamad Dudi Ridwan. Tiasa dipanggil Dudi. lahir tanggal 05 November 1978 di Bandung. Kiwari abdi dumuk di Jln. Hanjawar Pacet, Kampung Cibadak Pasantren Girang, Desa Sukanagalih, Kecamatan Pacet, Kabupaten Cianjur. Abdi linggih di RT. 001/001. Nomor telepon abdi +62 852 2065 3388.
Abdi anak katilu tina dalapan dulur. Warsih 1985 abdi ngawitan ngambah atikan di SDN 1 Sukarame. Warsih 1991 abdi neruskeun atikanana di MTs. Baitul Arqom - Lemburawi Bandung. Warsih 1994 abdi neruskeun atikanana di MAK Baitul Arqom keneh dugika kaluarna taun 1997.
Dina mangsa nuju kelas 2 SD, abdi lebet ka Madrasah Diniyah Nahdatul Fata Cijagong. Di dinya abdi diwurukan ku Ust. Sobana, Ust. Endang Cahyo, Ust. Isomudin, Ust. (kang) Saep, Mang Ajang Rohimat, Mang Alit Emen, Kang H. Daim, Ust. (Mang Aman) nu ngajarkeun qiro'at sareng seueur-seueur deui.
Dina mangsa nuju SD harita, abdi diwulang ku Pak Ara Sukrawan di kelas 1, di kelas 2-na ku Ibu Eti (hilap-hilap emut). Salajengna di kelas 3 abdi diwulang ku Pa Ace, di kelas 4 ku Pak Lili Taryadi, di kelas 5 sareng kelas genep mah abdi hilap deui. Guru-guru nu sanesna aya Pa H. Dadang Cikitu, Pa Abdul (Guru Olahraga) sareng Pa Encur. (Yarhamuhumulloh).
Rengse ti sakola MAK Baitul Arqom taun 1997, abdi cicing di bumi salami kirang langkung sasasih. Tos kitu abdi neraskeun masantren ka Badrul Ulum Sinapeul anu disesepahan ku Pa Ustadz Omas Masluh Sakandari salami 9 taun dugika 2006.
Warsih 2006, kaping 26 Oktober abdi nikah sareng urang Cianjur anu namina Popi Syapi'ah (Syafi'ah) putrina KH. Adang Rosyidin sareng Mamah Hj. Aas Mukhlasoh. Abdi dipaparinan kapercantenan ku Alloh SWT. ku ngagaduhan murangkalih anu seueurna 4 jalmi istri wungkul, nyaeta: (1) Shulha Hikmatul Maula anu dipanggilna Neng Haha, (2) Rodhwa Faiha Nu'ma anu dipanggilna Neng Wawa, (3) Tsaqifah Dzawatu Sahlah anu dipanggilna De Fafa, sareng ka (4) Khaira Muhdiya Mufida anu dipanggilna De Rara.
Abdi gaduh cita-cita pikeun jadi guru ngaos sareng sakola. Tong sieun, Abdi jalmina bageur, someah jeung pikalucueun. mugi-mugi abdi tiasa ngahontal kanu dihayang-hayang, nepi kanu diimpi-impi, nemu dimaksud anu dipunjul-punjul sarta aya dina panangtayungan ALLOH SWT.
=====
Facebook
Tidak ada komentar:
Posting Komentar