11.1 | RUMPAKA KAWIH
RUMPAKA KAWIH .
Hidep kungsi ngaregepkeun lalaguan Sunda anu dihaleuangkaeun ku almarhum Darso, Doel Sumbang, atawa Yayan Jatnika? Aya nu apal henteu laguna? Kudu apal atuh kana lalguan pop Sunda, ulah kana lagu pop indonesia jeung inggris wae. Apan cirina urang reueus kana budaya bangsa teh nya kudu make basa daerah. Aya babasan yen basa teh ciciren bangsa. Lagu pop sunda teh rumpakana make basa Sunda.
Lagu pop Sunda anu sok dihaleuangkeun ku Darso, Yayan Jatnika, Doel Sumbang, jrrd. teh kaasup kana wanda kawih. Ku lantaran kitu, kawih teh jadi bagian tina kabeungharan basa, sastra jeung seni Sunda. Dina elmu musik Sunda, antara kawih jeung tembang teh dibedakeun. Dina kawih maah aya birama (wiletan) jeung ketukan (tempo). Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sedengkeun tembang mah henteu kauger ku wiletan jeung ketukan.
Sangkan teu bingung, hayu urang titenan heula kumaha wangunna rumpaka kawih. Geus kitu, tuluy regepkeun kumaha cara ngahaleuangkeunana. Sangkan gampang, bisa nyetel kaset, VCD, atawa ningali tina internet!
Kontenbyk [show]
A. PANGERTIAN RUMPAKA KAWIH
Rumpaka kawih nyaeta kekecapan atawa lirik kawih. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih oge mangrupakeun karya sastra Sunda wangun ugeran atawa puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih sarua jeung kakawihan, nyaeta puisi Sunda anu henteu pati kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Ieu dihandap aya tilu rumpaka kawih. Pek baca dina jero hate, teuleuman kumaha eusina. Geus kitu, tuluy kawihkeun! Mun hese, bisa ngaregepkeun heula tina kaset, CD, MP3,MP4! Mun di kelas aya nu sorana halimpu jeung tapis ngawih, pek sina ngawih di hareupeun kelas.
- Kawih Es Lilin
ES LILIN
Sanggian : Mursih
2. KAWIH KARATAGAN PAHLAWAN
KARATAGAN PAHLAWAN
Sanggian : Mang Koko
3. KAWIH KABOGOH JAUH (POP SUNDA)
Kabogoh Jauh
Dinyanyikeun ku Darso
B. MIKAWERUH PERKARA KAWIH
1. WANGENAN KAWIH
Dua kawih anu tadi geus dihaleuangkeun ku hideup teh geus populer pisan di tatar Sunda mah. Najan kitu, hidep kudu apal yen di urang mah aya mu disebut kawih, kakawihan, jeung tembang. Tiluanana sarua sok dihaleuangkeun atawa dilagukeun .
Kawih teh jadi bagian tina kabeungharan seni Sunda. Dina elmu musik Sunda, antara kawih jeung tembang teh dibedakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung ketukan (tempo). Waktu dihaleuangkeun , kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sedengkeun tembang mah henteu kauger ku wiletan jeung ketukan.
Ari kakawihan mah meh sarua jeung kawih. Bedana, kakawihan mah dihaleuangkeun teh dina kaulinan barudak. Ku kituna kakawihan sok disebut oge kawih murangkalih atawa kawih barudak. Contona wae aya kakawihan “Oray-orayan”, “Pacicipoci”, “Hompimpah”, Eundeuk-Eundeukan’, jeung sajaba ti eta.
2. STRUKTUR (ADEGAN;UNSUR) KAWIH
Rumpaka dina kawih, kakawihan, jeung tembang teh mibanda ajen sastra. Umumna ditulis dina wangun puisi sisindiran atawa puisi bebas. Ku kituna, rumpaka kawih, kakawihan, jeung tembang teh mibanda unsur-unsur puisi. Umpamana wae diwangun ku bait (pada), jajaran (padalisan), purwakanti, gaya basa, jeung kekecapan (diksi) anu dipakena pinilih pisan. Kitu deui bisa dipaluruh naon temana, kumaha nadana, amanatna, jeung naon nu dicaritakeunana.
a. Jejer atawa tema
Tema teh gagasan pokok anu rek ditepikeun ku nu ngarang rumpaka kawih ka nu maca. Tema dina kawih rupa-rupa, aya tema kaagamaan, kamnusaam, cinta ka lemah cai, jste.
b. Nada jeung suasana
Nada teh sikap pangarang ka nu maca. Tina sikep pangarang ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu maca. Geura titenan rumpaka kawih ieu dihandap!
Dumasar rumpaka kawih di luhur, katangen sikep pangarang teh hayang ngabejaan ka nu maca yen ari pahlawan teh nu berjoang keur ngabela bangsa, nagara, jeung lemah cai. Tina sikep eta urang salaku nu maca bisa ngarasa reueus kana jasa-jasana pahlawan.
c. Rasa
Rasa teh ngajiwaan eusi kawih. Rasa dina kawih kapanggih sabada dihaleuangkeun. Ngareunah henteuna kawih teh apan karasana sabada dihaleuangkeun.
d. Amanat
Amanat teh rasa pangarang anu karasa ku nu maca atawa ngaregeupkeun kawih. Tapi najan kitu, amanat dina kawih ditangtukeunana teh gumantung nu maca. Hartina urang dibere kabebasan pikeun nangtukeun amanat tina hiji kawih.
e. Purwakanti
Titenan deui rumpaka kawih ieu dihandap!
Rumpaka di luhur teh jumlahna sapada (bait). Sapadana diwangun ku opat padalisan (jajaran). Dina rumpaka di luhur, aya sora-sora anu sarua unggal padalisan. Dina padalisan kahiji jeung kadua, nu sarua teh sora [a]. Dina padalisan katilu jeung kaopat, nu sarua teh sora [i]. Sora-sora nu sarua dina rumpaka kawih kitu teh disebutna purwakanti. Cindekna nu disebut purwakanti teh nyaeta padeukeutna atawa saruana sora kecap dina ungkara kalimah.
Nilik perenahna, purwakanti teh aya dua. Saruana atawa padeukeutna sora kecap nu ngajajar ka gigir dina sapadalisan disebut purwakanti rantayan. Contona rumpaka kawih di luhur. Ari sarua atawa padeukeutna sora kecap nu ngaruntuy ka handap tur biasana aya ditungtung ungkara padalisan mah disebutna purwakanti runtuyan. Titenan contona dina rumpaka kawih ieu dihandap!
C. CONTO RUMPAKA KAWIH
ULAH CEURIK
D. Jenis-jenis KAWIH
- Kawih buhun / tradisional nyaeta kawih jaman baheula. Contona ; banjar sinom
- Kawih jaman jepang nyaeta kawih anu di ciptakeun pas jaman penjajahan jepang. Contona ; Es lilin, balon ngapung.
- Kawih wanda anyar nyaeta kawih jaman ayeuna atawa modern. Contona ; anggrek japati, angina priangan.
Daftar Pustaka:
https://www.ayokbelajar.com/rumpaka-kawih-pangertian-conto-unsur/
https://fazryspot.blogspot.com/2016/06/bahasa-sunda-kawih-kakawihan-pupuh.html
Tidak ada komentar:
Posting Komentar